WARTA ATIKAN TI CIBATU : Mapag O2SN Tingat Kabupatén Ceuk Dasuki, S.Pd : Cibatu Tandang Makalangan
Ceuk Dasuki, S.Pd : Cibatu Tandang Makalangan
“Ngukur
kmampuhan murid loba cara. Diantarana sina miluan lomba, pasanggiri atawa
pertandingan. Tah kagiatan kawas kitu téh, ilahar naker di sakola mah, saperti
nu lumangsung di SD nu aya di Kacamatan Wanayasa Purwakarta.”
CIBATU – Warta Sunda Onliné,
BARUDAK
SD Cibatu Purwakarta, giat naker. Aratoheun miluan rupa-rupa kagiatan téh.
Saperti harita, murid-murid SD téh hégar marahmay dibarung ku euyah-euyahan
susurakan nyumangetan babaturanana nu keur makalangan.
Kagiatan kawas kitu, kaasup
maneuh. Harita téh, barudak di éta kacamatan mariluan Olimpiade Olahraga Siswa
Nasional (O2SN), Olimpiadé Sains Nasional (OSN), Olahraga Tradisional
(OLTRAD), Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N) sarta FL2N satatar
Kacamatan Cibatu.

Di
Purwakarta, mémang barudak téh biasa mariluan sanisakara kagiatan. Kituna téh,
da éta kagiatan maneuh saban taun. Ari kagiatan naratas dihandap heula. Barudak
téh diabenkeun di tingkat kacamatan nu saterusna sina mariluan di tingkat nu
leuwih luhur, kabupatén, provinsi jeung nasional.
Kagiatan
kawas kitu loba mangpaatna. Barudak bisa ngukur kamampuh sorangan ku cara
ngabandingeun jeung kamampuh babaturanana ti sakola séjén. Ari keur guru mah éta
agiatan téh bisa jadi cara meunteun barudak, pangpangna mah dina sagala widang.
Saniskara
kagiatan di Cibatu, lumangsung poé Rebo tanggal 27 Fébruari 2019. Tempatna di SD
Negeri Kacamatan Cibatu, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat.
Barudak
téh sarumanget naker. Atuda, bisa tepung jeung babaturan sakola séjén, sakalian
ngadu jajatén jadi juara, engkéna boga miluan dina kagiatan nu leuwih luhur.
Barudak
nu tandang, mémang meunang milihan guru-guruna. Kitu téh luyu jeung pangabisa
masing-masing. Dina kagiatan éta téh, aya genep rupa widang lomba diantarana
O2N, OSN, FLS2N, OLTRAD, sarta FL2N.
Nu
mariluan téh ti sakumna SD nu aya di Kecamatan Cibatu. Teu hésé néang patandang
mah, da masing-masing sakola gé nataharkeun ‘para atlit” tianggalna kénéh.
Atuh, dina waktuna téh kari prakna. Kamari gé, éta saniskara kagiatan téh
diiluan ku 13 SD nu aya Kacamatan Cibatu. Kitu ceuk Ketua Panatacalagara, Dasuki, S.Pd (Kepala SDN Cipinang) nalika
ngabéjerbéaskeun kagiatan ka Warta Sunda
Onliné.
Malah
mandar Kecamatan Cibatu dina widang seni mah nya FLS2N téh, minangka ayeuna rék
langkung dironjatkeun deui. Kajaba aya mitra nu husus dina widang seni, nyatana
Pa. Adé Suryadin nu kakara sabaraha bulan mupuhuan di SMPN 1 Cibatu, inyana
salaku praktisi seni nu kawéntar.
Ku kituna,
inyana miharep ka Pa. Adé Suryadin, pikeun ngabantos kana widang seni di Kecamatan
Cibatu.*** Anto Sukanto.

0 Response to "WARTA ATIKAN TI CIBATU : Mapag O2SN Tingat Kabupatén Ceuk Dasuki, S.Pd : Cibatu Tandang Makalangan"
Posting Komentar