WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Sekda Purwakarta Sampaikan Penjelasan Bupati tentang RPJPD 2025-2045 pada Rapat Paripurna Tingkat I DPRD

Sekretaris Daerah Purwakarta nepikeun katerangan Bupati ngeunaan RPJPD 2025-2045 dina Rapat Paripurna DPRD Tingkat I. PURWAKARTA...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Raden Dewi Sartika

Raden Dewi Sartika



T
anggal 4 Desember, urang Sunda kawas taya saurang nu inget, taya hiji kagiatan atawa gerakan nu tembong. Sakuliah tatar Sunda sepi taya kuliat nu mawa katineung. Lebeng boa mongkleng, taya sagurat cahaya pangeling. Deudeuh, padahal inyana oge pahlawan nasional, sarua jeung pahlawan nasional lianna anu berjuang pikeun kapentingan nusa jeung bangsa.  Rasana sagala nu nyampak ayeuna, lain pangbibitan baheula. Hengker tur asor pisan seler Sunda teh. Kilangbara kana inget yen, pangna anjeuna disieuhkeun ku Walanda, ka Cineam, pangna ibu ramana di buang ka Sulawesi, taya kajaba iwal anjeuna wani ngajar nulis jeung maca ka barudak awewe, iwal wani muka sakola khusus keur budak awewe dina pajamanan nu werit alahbatan ti alahmanan.
Ibu Dewi nu mimiti ngajar nulis maca nyulam nyongket nisik jeung masak malah sagala elmu kaparigelan wanoja, nu aya di anjeuna disebakeun ka barudak awewe anak bujang kadipaten,beh dieu na ka sakur murid Sakola Kautamaan Istri. Padahal kolot jeung barudak awewe jaman harita keur ngalaman hirup dina poek mongkleng butarajin ku pangaweruh. Ngan anjeuna nu teuneung ludeung leber wawanen wani ngababad kabodoan wanoja Sunda, ku kujang tekad nu setra tanpa pamrih. Najan kudu disapih tina kahirupan normal, dijauhkeun jeung ibu rama, dulur tur kadangkulawarga.
Matak nyeredet nyisit ati mun ngadenge jentrengna kacapi Mang Koko binarung tembang kaheman: Kantun jujuluk nu arum/ kari wawangi nu seungit/nyebar mencar sapasundan/ nyambuang sanusantara. Sari puspa wangi arum/ seungit manis ngadalingding/ sari sekar nyurup nitis/ kana sukma istri Sunda………Teu kagambar ku rumpaka/henteu kasanggi ku dangding/menggahing jasa-jasana/ rahaden sartika dewi. Mun seg Raden Dewi Sartika teu wani minterkeun wanoja Sunda, kasawang poe ieu istri-istri Sunda, bakal katalikung ku ayunan bodo-boloho, heureut-deuleu pondok-lengkah kabisa ngan ceurik,hirup ukur jadi ganjel lalaki, sagala kudu dulang tinande, dipulung jeung dipiceun. Teu bina ti awewe nagara miskin Afrika.
Kamajuan wanoja Sunda kiwari nu mapakan wanoja lian di dunya, teu tingaleun dina elmu pangaweruh, dina tahap gaul modern, kalungguhan nu satata, malah geus wani merjoangkeun kasajajaran gender. Naha eta teh jol jleg? Jol aya? Jol kitu? Tanpa proses awal nu dipitembeyan ku inohong kadipaten Bandung/Cicalengka, nu jenengan Raden Dewi Sartika? Memang aya Kartini nu ngambah tataran teoritis jeung idealis, naha Sartika nu ngancik dina tataran praksis , tanpa idealis? Kulantaran idealismena Sartika sakulawarga ngalaman paitna batrawali kahirupan. Urang Sunda  pasti ngarti yen bangsa nu jembar teh nu wani ngajenan pahlawanna,  Gegeden Sunda, wanita Sunda jeung wanoja Sunda kawas geus poho ngaran Raden Dewi Sartika tina lambaran kahirupan sajarah.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Raden Dewi Sartika"

Posting Komentar