WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Warta Pustaka Sunda - NGADULAG


NGADULAG

Potrét: Sofyan

A
ri bulan puasa téh sok resep nénjo bedug. Atuda kiwari mah sora bedug geus kagéséh ku TOA. Sanajan aya kénéh nu maké éta ogé ngan teu loba kawas jaman baréto. Di masjid komplék kuring ogé kungsi aya bedug ngan ti saprak kulitna soék tuluy ngiles. Cénah dioméan tapi nepi ka kiwari teu datang deui. Di musola kantor ogé kungsi aya bedug leuti,k kawasna kulitna tina kulit embé. Bangun nu seseg. Kiwari geus teu katénjo deui juntrungna. Teuing ti jaman iraha ayana bedug di Nusantara téh.
Tah, kotrétan mini ieu mah lain rék ngabahas sajarah bedug di urang. Luyu jeung suasana wé jeung kasono kana sora bedug anu raket dina bulan puasa. Baréto mah bulan puasa asa teu ramé lamun teu ngadulag téh. Rérés salat tarawéh atawa ngahudangkeun saur apan sora bedug ngadurugdug patémbalan di unggal kampung. Barudak kiwari mah ngahudangkeun saur téh ku tatabeuhan modéren. Aya ogé ku alat-alat basajan, nu penting ramé.
Bedug jeung ngadulag jadi inspirasi pikeun pangarang, contona “Bedug Ti Nagri Ajrak” yasana Ahmad Bakri. Da asa teu bosen maca carpon klasik modél kitu téh. Komo dina suasana bulan puasa ayeuna. Émosi nu maca dibawa milu kana alur carpon. Meureun témana mah protés atawa pemberontakan kaom ngora ka kaom kolot bab nakol bedug. Kalakuan barudak pamuda ku matak pikakeuheuleun jeung pikaseurieun. Tokoh kuring nu jadi ulon-ulonna horéng talukna téh ku bapana anu lain tokoh sambarangan di lemburna. Atuh nu maca ogé milu karunya ka tokoh Pa Lebé anu pulang anting ka pasir rék nyacag bedug nyiliwuri pédah ngaguruh lain mangsa.
Ah, bedug jeung ngadulag dina bulan puasa ku matak resep. Jaman kiwari ogé geuning aya rampak bedug di dayeuh. Sabalikna, kiwari di pilemburan geus langka sora bedug komo ngadulag mah. ***
Jatinangor, 14/05/2019


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warta Pustaka Sunda - NGADULAG"

Posting Komentar