WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Live Report : Dua rumah di Kp. Cibodas

Live Report: Kondisi terkini Dua rumah di Kp. Cibodas Desa Panyindangan, Sukatani, Purwakarta jam 04.00 WIB jebol oleh tingginya...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Prayoga Adiwisastra - Sketsa - Gelebeg


Sketsa - Gelebeg

P
aniatan mulang ka lembur harita téh rék mipit deui panineungan tina ranggeuyan pangalaman lawas. Nganteng kénéh dina lelembutan, mangsa keur leutik ku indung jeung bapa sok remen diajak tumpak gelebeg ka imah Aki di lembur. Harita diuk téh sok di hareup gigireun kusir, kajurung ku kapanasaran hayang nempo kusir ngadalikeun kuda. Gelebeg téh mindeng metet pisan ku nu tarumpak jeung babawaanana ti pasar. Sakapeung sok karunya ningali kuda nu ngaregéh mangsa nyorang tanjakan. Bet ayeuna kabéjakeun gelebeg jumlahna geus ngurangan. Beu, kumaha teuing ayeuna nasibna?            
Barang anjog ka Pasar Kecamatan Pléréd, Kabupatén Purwakarta, enya baé délman jeung ojég mani ngajalajar di sisi jalan. Tayohna mah tepi ka nyontang jalan raya. Ku kituna, teu matak héran mun lebah dinya remen macét téh. Kawuwuh hawa beurang nyongkab kacida, turta haseup kandaraan sarta kekebul beuki nambahan karungsing tengahing beurang bayeungyang.
Tétéla masih aya gelebeg téh di antara ngajalajarna délman jeung ojég, sok sanajan harita nu kasampak téh ngan kari hiji. Tapi moal kasamaran, da gelebeg mah wangunna rada béda jeung délman. Bédana, gelebeg mah wangunna pasagi cara gorobag, titincakan paranti turun unggah nu tarumpakna aya ukur aya di kénca jeung di katuhu, teu cara délman nu titincakanana aya di tukang, di kénca, jeung di katuhu. Salian ti éta, dina gelebeg mah nu tarumpak téh diukna malik ka hareup, kumaha wé cara dina beus, da kapan dina délman mah nu tarumpak téh diukna nyanghareup ka kénca jeung ka katuhu cara dina angkot. Ari nu séjénna, saperti roda, bom, tihang, jeung tali kadali mah sarua baé jeung délman.
Mun ditengetan mah gelebeg téh réa sasaruanana, kayaning sado, délman, kahar, padati, kéréték, nayor, jsb. Anapon dina basa Indonésia mah aya andong, keréta kuda, jsb. Sok sanajan saliwatan mah wangunna méh sarua, tapi keukeuh mun dititénan mah aya bédana saperti nu geus dijéntrékeun tadi. Anapon sacara guna jeung tanagana mah sarua baé, nyaéta alat transportasi anu maké tanaga kuda.
Mimiti ayana gelebeg di Kecamatan Pléréd téh kurang leuwih ti taun 1960-an. Mangsa harita aya kawijakan ékonomi ti pamaréntah anu nurunkeun niléy duit. Éta duit téh sok padanyebut duit galabag. Ku kituna, bisa jadi kecap gelebeg téh asalna tina kecap galabag.



Jaja, salasahiji kusir gelebeg, nétélakeun ti taun 2010 gelebeg geus nyirorot pisan jumlahna, tina 315 gelebeg, ayeuna nu nyésa téh kurang leuwih kari 40 gelebeg, diantarana 20 jurusan Cipancur, 8 jurusan Sempur, 6 jurusan Warung Jeruk, jeung 2 jurusan Cianting. Ari sabab nyirorotna mah rupa-rupa, diantarana alatan loba nu pindah pacabakan kana ngojég, karyawan pabrik, jeung pakasaban séjénna nu ditaksir bakal leuwih nguntungkeun. Tapi katitén délman mah sabalikna, jumlahna beuki nambahan baé.
“Penghasilan kapungkur mah tiasa dugi ka saratus lima puluh rébu. Ayeuna mah paling tilu puluh rébuan. Seueur ngadaweung. Nuju ramé, ramé. Nuju henteu mah, henteu. Ayeuna mah nu ageung téh upami aya pesenan pawéy. Kapungkur mah dugi ka tiasa réréongan ngempelkeun artos kanggo kusir nu kacilakaan.” ceuk Jaja, dibarung ku paroman nu bangun ngumbar panineungan.
Salian ti beubeunangan nu ngurangan, Jaja ogé kudu getén méré parab jeung mariksa kaséhatan kudana. Ceuk kateranganana, dina sapoé kuda téh kudu baé diparaban ku huut tilu kilo, ongok opat kilo, jeung jukut sakarung. Katambah mariksa kaséhatan kuda tilu bulan sakali ka nu husus sok mariksana. Teu kawangwang kumaha carana ngokolakeun duit tilu puluh rébu kana pangabutuh kulawarga, parab, jeung waragad pikeun mariksa kaséhatan kuda.



Masih nganteng dina panineungan, mangsa gelebeg keur sumedeng ceuyah, padatarumpak, padamikaresep. Kapireng kénéh sora “Kotoplak, kotoplak.” tina ladam kuda, turta ngoncrangna sora kusir “Has! Has!”. Bet ayeuna gelebeg geus sakitu nyirorot jumlahna, matak susah deui mun samangsa-mangsa hayang tumpak.***

*Dimuat di tabloid Galura

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Prayoga Adiwisastra - Sketsa - Gelebeg"

Posting Komentar