WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Sekda Purwakarta Sampaikan Penjelasan Bupati tentang RPJPD 2025-2045 pada Rapat Paripurna Tingkat I DPRD

Sekretaris Daerah Purwakarta nepikeun katerangan Bupati ngeunaan RPJPD 2025-2045 dina Rapat Paripurna DPRD Tingkat I. PURWAKARTA...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Panineungan 22 Desember 2015

Kakang Anto Purwakarta
Warta Sunda Online
Édisi : 85 Desember 2015, Kaca 04, Rubrik : Carita Pondok
KANYAAH EMA
Ku : Yani Komaryani, S.Pd (Pengawas Seni di UPTD Pembinaan TK/SD & PLS Kecamatan Bojong - Purwakarta)
Sajongjongan haté téh asa nalangsa ari ras ku ka-nyaah kolot anu sakitu geus rarempona, tapi masih tetep ngalakonan pakasaban anu ampir unggal poé dikeureu-yeuh. Harita téh rebun-rebun kénéh… kulutrak panto dapur muka katingal Ema kaluar bari ngelek boboko, ngajingjing téko, disamping jangkung, kabaya lalayu sekar, palebah baju leungeunna disingkilkeun, maké dudukuy cétok.
Haté kuring ngarakacak bari ngageremes….. emh Ema… na badé kamana, naon deui anu dipilari atuh? Padahal putra Ema téh aya opatna, lalaki hiji, awéwé tilu ka asup kuring. Jaba geus jareneng nu tiluan mah tos nyanding gawé jadi Pegawai Negeri Sipil (PNS) tur geus kulawargaan. Tinggal kuring nu ka asup bungsuna kiwari keur ngeureuyeuh kuliah di widang kasehatan, sigana mah Ema téh hariwang meureun ku biyaya kuliah kuring sieun peunggas di tengah jalan. Cacak pangawakan awéwé tur sorangan kaayaan nu sakitu kakolotannana, tapi Ema tetep sumanget ngolah tatanén titinggal Bapa kuring nu salapan taun ka tukang parantos tilar dunya.
Sabulan sakali lanceuk kuring jeung kulawargana sok ngahaja datang ngadon ngalongok Ema bari mauran biyaya kuliah kuring pon kitu deui bari nambahan biayaya keur sapopoé. Malah kungsi si Aa mah nyaram, “Tos Ema.... tong kasawah deui.... parokeun we sawah mah kanu sanés.... Ema mah tos waktosna leleson.” Tapi Ema teu ngawaro... malah beuki sumanget ngagarap lahan titinggal Bapa téa.
Nyelecepna angin peuting ngalilirkeun haté kuring keur galécok ngupah ngapeh lamunan. Hawar-hawar kadengé sora cihcir matak ketir, uncuing hangudang liwung, jogjog mondok anu réhé, turulung.... Kohkol ti pos ronda... ciciren ngingetan yén warga ulah talibra teuing.
Isuk-isuk kuring geus hudang tuluy ka dapur katingali jandela kamar Ema masih nutup... aéh!!! Naha ari Ema kamana... biasana Subuh kénéh jandela téh tos muka?... ach.... boa-boa Ema teu damang? Panasaran panto kamar di surungkeun lalaunan... katingal Ema ngagolér na amparan sajadah masih nganggo mukéna kénéh... gebeg haté kuring reuwas, “Ema... Ema... diguyah-guyah. Ema!!!.... Ema!!!...” Bray soca Ema beunta... nyéh imut. “Aya naon geulis?” bari ngulisik gugah... haté kuring bungah. Kahariwang leungit. “Ma... ka siangan kunaon, teu raraos?” ceuk kuring bari nilepan mukéna tilas Ema. “Ah... tunduh we duméh tos nyaring peuting,” pokna Ema.
Subhanalloh... Gusti... kanyaah kolot téh geuning teu aya watés wangenna éstuning lahir batin geuning rupina Ema téh tos tahajud teras netepan Subuh. Ngadon ngadu'akeun anak incu sangkan waluya hirupna salamet dunya ahérat... ras inget ka diri ti mimiti di kandung salapan bulan lilana, beurat burayang bureuyeung diuk nangtung gé lalanjung nepi ka gubrag gumelar ka alam dunya, di urus di nangna nengné siga nanggeuy endog beubeureumna, istuning meunang hésé béléké. Kiwari kuring geus gedé malah geus manjing dewasa. Yaa Alloh, kuring rumasa teu acan bisa mulang tarima da geuning jasa Ema, kanyaah Ema… moal bisa di gentian ku harta banda… kanyaah kolot mah taya bandinganana.
Kuring jangji dina ati…. Seja ngamumulé kanyaah kolot hamo dilalaworakeun éstu rék dipusti-pusti pikeun tuturus lumaku ka anak incu. Caaag.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Panineungan 22 Desember 2015"

Posting Komentar