WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI SAKOLA

SDIT CENDEKIA
Sukses Magelarkeun “Festival Kreasi Anak Sholeh 2018”
Warta Sunda Online,
SDIT Cendekia Purwakarta unggal taun sok mindeng ngalaksanakeun kagiatan saperti halna kagiatan “Festival Kreasi Anak Sholeh 2018” (17/11) di sakola SDIT Cendekia Purwakarta.
Para pamilon nu milu aub téh pikeun tingkat Taman Kanak-kanak sa-Kabupatén Purwakarta.
Taun ayeuna nu janten pinunjulna téh ku TK Al-Muhajirin, nyangking Juara Umum. Kitu ceuk Andri Purwanugraha (kepala sakola) sabada lumangsung kagiatan “Festival Kreasi Anak Sholeh 2018”.
Inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para pamilon nu parantos nyukseskeun ieu kagiatan, nu teu acan kenging juara, mangga taun payun langkung ditingkatkeun deui,” pokna.
Lain deui ceuk Ketua Panitia Ade Syarifudin, yén lumangsung na ieu kagiatan gawé bareng ti pihak YASRI sareng SD IT Cendikia.***
Keterarangan Poto :
1. Ketua YASRI (DR. H. Agus Muharam) masrahkeun Tropi ka pihak Sakola TK Al-Muhajirin
2. Rengrengan Pihak SDIT Cendekia poto bareng Ketua YASRI sareng pihak TK Al-Muhajirin.

.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI SAKOLA"

Posting Komentar