WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI SUKATANI


PGM Kecamatan Sukatani
Tiap Taun Magelarkeun Muharaman
Dina raraga ngabagéakeun datangna taun anyar Islam jeung Muharaman, Perkumpulan Guru Madrasah Kecamatan Sukatani, Purwakarta ngagelar saniskara kagiatan saperti halna kagiatan sosial méré santunan ka 2 urang siswa nu perlu bantuan. Kitu ceuk Ketua Panitia, H. Sobari (Ketua Yayasan Al-Wathon – Sukatani) netelakeun ieu kagiatan téh maneuh unggal taun. “Tujuan utamana salian ti ngudag kana fadilah Muharaman téh ogé ngalatih ka barudak supaya numuwuhkeun sikep mikanyaah tur mikaasih ka sasama. Malah kagiatan nu saperti kitu téh pamilonna ti TK/RA sarta MI sa-Kecamatan Sukatani,” pokna.
Ceuk salahsahiji RA Miftahul Ulum, Encik Syihabudin nembrakeun rasa kabungahna ku lumangsungna éta acara sanajan saukur kagiatan anu basajan.
“Komo nepika Kepala Kemenag Kabupatén Purwakarta ngadongdon tur muka kagiatan nu saperti kitu, nilik tina hasil gawé bareng ti rengrengan guru-guru jeung kepala sekolah RA/TK.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala Kemanag Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad Junaedi, M.Si, inyana ngarasa reueus yén barudak diwanohkeun kana kagiatan PHBI.*** (Anto S)
Keterangan Poto :
1,
1
1.       KEMENAG Purwakarta  masrahkeun Santunan.*
2.      Salahsaurang Pamilon Lomba Adzan (Mohammad Asepa Sastra Diwangsa – RA Miftahul Ulum)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI SUKATANI"

Posting Komentar