WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI GURU

Mokh. Aripin
Ngalalakon Jaka Tarub
Warta Sunda Online,
Multi talenta hiji guru diperlukeun keur urusan dilapangan mah. Lantaran nu namina GURU (diGUgu jeung di tiRU) éta nu sok dipikaserab behditu kénéh ku urang lembur.
Kukituna, kiprah guru dina makalangan di masarakat tangtu teu leupas tina pengetahuan guru.
Contona Mokhamad Aripin, S.Pd, M.Pd, salahsaurang guru di Kecamatan Sukasari nu mibanda sagudang pangbisa. Malah mandar, inyana téh di lemburna keur ngokolakeun widang pariwisata jeung rengrengannana nu aya dina wadah KOMP@S (Komunitas Pecinta Alam Sukasari). Kajaba ti éta, salaku guru SMPN Satap 2 Parungbanténg Kecamatan Sukasari. Di sakola bohna di masarakat salaku penggerak keur ngamotivasian para nonoman.
Mokh. Aripin, pituin Sukasari nu boga karep ngamajukeun lemburna tong nepika Sukasari disebut deui kota terisolir bohna tempat buangan para pejabat nu kenging hukuman.
Tah ayeuna dina raraga miéling PGRI ka 73 sarta Poé Guru Nasional, umajak ka para juru atik pikeun némbongkeun kaparigelan disakola bohna di lemburna sewang-sewangan ku pangabisana masing-masing.
Saperti témbong dina gambar Mokh. Aripin keur ngalalakon Jaka Tarub. Dina caritana Jaka Tarub keur noong para widadari ti kahiyangan nu keur mandi di lembur Gunung Cupu. Malah salah saurang solendang widadarina ngahaja ku Jaka Tarub disumputkeun.
Tina wangkongan para widadari, Jaka Tarub ngadangu yén “Sing saha-saha nu manggihan éta solendang, mun lalaki rék dijadikeun salaki, mun awéwé rék dijadikeun dulur,” Teu kungsi lila, warikat Jaka Tarub nyampeurkeun para widadari. Nya widadari nu tadi jangji téh, ngadahup ka Jaka Tarub. 
Gancangna carita Jaka Tarub tos garwaan.... Cag.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI GURU"

Posting Komentar