WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

NYANYABAAN


Sukasari Ngeunteung Ka “Sungai Amazon”
“Di Amazon mah sanajan kaayaan di tengah leuweung tapi jadi tempat pangjugjugan wisatawan”

Warta Sunda Online,
"WANGSUL ti sakola," ceuk Mokhamad Aripin waktu tepung jeung Galura di Kp. Désa Ciririp Kecamatan Sukasari Kabupatén Purwakarta (20/10) jam satengah dua beurang. Dirina unggal poé bulak balik ngajar di SMPN Satap 2 Parung Banténg Kecamatan Sukasari.
Mohamad Aripin téh, lian juru atik SMPN Satap 2 Parung Banténg ogé salaku pupuhu Komunitas Pecinta Alam Sukasari (Komp@s) Purwakarta kiwari gawé bareng jeung pihak pengembang ti Bekasi dina raraga ngaraharjakeun warga Sukasari ngalewatan ayana Kampung Tahfidz Jatiluhur.

Dina hal ieu mah, wilayah Sukasari ditingal tina letak geografis sami sareng negara Amazon. Di Amazon mah sanajan kaayaan di tengah leuweung tapi jadi tempat pangjugjugan wisatawan. Pon kitu deui di Kecamatan Sukasari hayang jiga kitu. “Ngan tangtu kudu aya pengembang anu bener-bener mikiran serieus dina destinasi wisata Sukasari,” pokna Aripin.

Kiwari kaayaan Sukasari geus aya nu milu miroséa sapeerti halna aya pihak pengembang ti Bekasai, nyatana Bapa Ibnu Hadjar nu katingal konsen dina ngokolakeun destinasi wisata religius. Malah pihak pengembangna ogé aya rojongan ti ku sababaraha ajengan kahot saperti halna Syeh Ali Jaber, Ustadz Amir Faishol Fath, MA, jeung Ustadz Farid Akhmad Okbah, MA. Tangtos ieu janten motivasi ku pihak pengembang dina nguatan religius ka warga masarakat umum hususna warga Sukasari jeung Purwakarta.
Dina kasempeten éta ogé, pihak pengembang Kampung Tahfidz Jatiluhur, Bapa Ibnu Hadjar ngecéskeun dina ngokolakeun wisata religius ka Warta Sunda Online di Kampung/Désa Ciririp Kecamatan Sukasari nuju ngokolakeun salahsahiji homestag.
Kasang tukang resep ka Sukasari téh, taun 2008 Bapana kungsi meser lahan 5.000 métér, nepika ka nu jadi anak ogé meser lahan kirang langkung 2 Ha . Tapi saacan meser lahan, saur Ibnu kanggo naon lahan di Sukasari téh? Tapi basa ningali kaéndahan danau Jatiluhur, kakara kataji. Nepika ngondang Dosén ahli Geologi tug dugika Dosén ahli Bisnis tur sabababaraha Universitas nu kakoncara pikeun naliti kaayaan Sukasari. Poma deui nepika tilu ajengan nyaéta Syeh Ali Jaber, Ustadz Amir Faishol Fath, MA, jeung Ustadz Farid Akhmad Okbah, MA pikeun ngokolakeun éta wewengkon. “Nya hasil panalungtikan ti pihak terkait, yén Sukasari dijantenkun destinasi wisata religi,” pokna Ibnu.

Pon kitu deui nu janten sumanget téh, lantaran ceuk Komp@s, “Saha-saha waé nu can apal ka Sukasari, tangtuna bakal rugi tur hanjakal,” kitu basa nirukeun omongan ti pihak Komp@s.
Sedengkeun nu ayeuna keur mitembeyan ngokolakeun Kampung Tahfidz Jatiluhur téh, diantarana keur ngawangun kavling vila siap bangun nu fasilitas na : Resort Islam, Kawasan Tahfidz Qur’an, Wisata Islam (anak, remaja & dewasa), eco dan agrowisata (Kebun Investasi Tanaman Durian Unggulan), Sarana Port Islam, Outbond jeung sajabana.
Kampung Tahfidz Jatiluhur (KTJ) téh, masihan solusi pikeun ningatkeun karaharjaan warga jeung pendatang dina investasi ngaliwatan program kebangkitan ekonomi spektakuler. TJ geus terdaptar di Pemkab Purwakarta SK Bupati No. 503/Kep.831-DPMPTSP/2017.

Kiwari keur pengembangan dina investasi argowisata tina ngebon Durian Musang King. Malahan hasil tin panalungtikan yén hiji tangkal duren tiasa panen rata-rata 40 buah duren nu bobotna 4 kg. Samalah hargana ogé per buah Rp. 80.000 rebu nepika Rp. 100.000 rebu.
Ku kituna tina Hasil satu pohon = 40 buah x 4 kg x Rp. 100.000,- = Rp. 16.000.000,-/panen/pohon. Pon kitu deui mun tina lahan 100 métér mun dipelak 2 tangkal téh bakal ngahasilkeun Rp. 32 juta/taun. Kajaba kondisi tangkal durian ieu téh umurna nepika 40 taunnan.
“Éta nu jadi program KTJ dina ngajomantarakeun ekonomi pedesaan sacara berjama’ah jeung terpadu tur perekebunan modern,” pokna Ibnu Hadjar.*** (Anto)

Ibnu Hadjar sinareng garwana katut palaputra
(Pengembang Kampung Tahfidz Jatiluhur)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "NYANYABAAN"

Posting Komentar