WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI KEMENAG

Ceuk Kepala Kemenag Purwakarta :
Pelajar Muslim Perlu Kurikulum Manasik Haji
Kepala Kemenag Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si,
Warta Sunda Online,
Manasik haji pikeun umat Islam mah, lain saukur méré simulasi ka calon jama’ah haji nu baris miang ka tanah suci Mekah. Tapi pikeun nambahan élmu ngeunaan atikan syariah Islam nu kudu wanoheun ka nonoman pelajar muslim.
Dina hal ieu Kepala Kementerian Agama (Kemenag) Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si, ngajelaskeun yén kurikulum manasik haji mangrupakeun pangajaran hikmah tina ajaran Islam. Hikmah nu pang utamana tina manasik haji. Nyaéta apal kana syariah Islam nu sabenerna, pokna Tedi ka Warta Sunda Online, Jumaah, (16/11/2018) dirohangan gawéna.
Tedi netelakeun dina dunnya atikan Islam téh, yén simulasi manasik haji geus jadi kurikulum anu paten. Komo deui dina ngalaksanakeun manasik haji, lainn saukur jelema nu rék jarah ka tanah suci, tapi barudak sakola RA katut Madrasah Tsanawiyah. Mung pelatihan jeung simulasina, diwajibkeun keur pelajar anu muslim. Ngan tetep kewenangan jeung kabijakan mah ti pihak sakolana sewang-sewangan,” pokna. (Naurid)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI KEMENAG"

Posting Komentar