WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat

  53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat PURWAKARTA –   WSO , Danrem 063/Sunan...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Bah!!! Warta Sunda Can Bisa Nepikeun Amanat?

Bah!!! Warta Sunda Can Bisa Nepikeun Amanat?

Plered – WSO,-

     Jumenengna Bah Deden Memet Mangkudireja, sawatara waktu katukang, ngahudangkeun deui émutan ngeunaan hiji amanat anu can kungsi leres-leres kacumponan.

     Dumasar kana katerangan anu kapendak, saméméh wafatna, Bah Deden kungsi boga rencana pikeun ngayakeun hiji kagiatan anu dibarengan ku masrahkeun layang pangajén ka Pupuhu Puseur Dayeuh Kecamatan Plered, nya éta Yayi Prabu Heri Anwar.

     Sanajan kitu, sateuacan prosés masrahkeun éta layang, aya pamundut supaya kagiatan anu patalina jeung pakuat-pakait pencak silat dilaksanakeun heula. Pamundut éta disampeurkeun nalika peupeujeuh ka redaksi Warta Sunda.

     Ku hal éta, tetep waé timbul karaguan: "kumaha sangkan amanat ti almarhum Bah Deden bisa nepi ka Yayi Prabu, padahal aya sarat anu kudu dipigawé heula?"

     Dina hiji sisi, layang pangajén téh kedah nepi ka sasaran, supaya henteu pegat amanah kasepuhan.

Tapi dina sisi séjén, aya syarat kagiatan anu henteu acan jelas kumaha palaksanaanna.

Kedah kumaha atuh…?

     Nepi mah bisa waé nepi. Tapi kumaha maksakeun sangkan luyu jeung amanah almarhum Bah Deden?

     Nepikeun layang pangajén tanpa ngalaksanakeun kagiatan sigana matak bendu kana aturan anu kungsi ditepikeun.

     Sedengkeun upaya pikeun ngayakeun kagiatan, dugi ka ayeuna, tacan aya kapastian.

     Layang pangajén ieu hayang nepi, tapi kedah saluyu jeung amanah. Ari amanah téh teu meunang disalahhartikeun, leuwih-leuwih anu ngantunkeun téh para kasepuhan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bah!!! Warta Sunda Can Bisa Nepikeun Amanat?"

Posting Komentar