WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat

  53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat PURWAKARTA –   WSO , Danrem 063/Sunan...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

51 Désa di Purwakarta, Désa Panyindangan Neundeun Batu Cikal Peluncuran KDMP

 

51 Désa di Purwakarta, Désa Panyindangan Neundeun Batu Cikal Peluncuran KDMP



Sukatani/Purwakarta - WSO,-

Hasil tina arahan Zoom Menkop Ferry Juliantono, Dandim 0619/Purwakarta Letkol Inf Ardha Cairova Pariputra anu katukang ngajelaskeun yén neundeun batu cikal (peletakan batu) ieu minangka tanda dimimitianna tahap operasional pembentukan KDMP, anu mangrupakeun tindak lanjut tina Instruksi Présidén Nomor 9 Taun 2025 ngeunaan percepatan pembentukan Koperasi Désa Merah Putih.


Kukituna Program pangwangunan Koperasi Desa Merah Putih (KDMP) anu kaasup samemehna kana 7 titik nepika 51 titik pangwangunan di Kabupatén Purwakarta ayeuna geus dimimitian di Desa Panyindagan, Kacamatan Sukatani. Proyék ieu dilaksanakeun ngawengku dihandap ieu : 

KDKMP DESA PANYINDANGAN

a.  Lokasi: Desa Panyindangan Kec. Sukatani Kab. Purwakarta.

b. Koordinat : Lat -6.572841° Long -107.357989°

c.  Kegiatan : 

- Pembersihan Lahan 100%

- Penggalian Pondasi 0,6 %

d.  Progres: 0,8%

e.  Status: Aset Desa

f.  Luas Lahan: 35 M² X 25 M²

g. Luas bangunan: 30 M² X20 M²

h. Pelibatan Personil

- TNI/Babinsa   : 1 orang

- Tim Teknis.     : 10 orang

i. Cuaca

- Pagi    : Cerah

- Siang  : Cerah

- Sore    : Mendung


Pelaksanaan pangwangunan ditargetkeun réngsé dina 90 poé kerja kalender, kalayan Sertu Yudi Ganjar minangka penanggung jawab lapangan sarta Kadir ngajabat Kapala KDMP Panyindangan. Kagiatan monitoring ogé dihadiran ku Kepala Desa Panyindangan, Kemis, (20/11/2025).


Sertu Yudi Ganjar ngajelaskeun yén pihakna bakal mastikeun prosés pangwangunan saluyu jeung jadwal. “Mugi pangwangunan ieu tiasa lumangsung aman, tertib, sarta réngsé dina 31 Januari 2026,” saur anjeunna.


Dina kasempetan eta, Kepala Desa Panyindagan Abdul Karim nandeskeun pentingna hadirna KDMP pikeun warga.

“KDMP engkéna bakal janten puseur kagiatan ékonomi masyarakat. Pihak Desa siap bersinergi supados manfaatna karasa ka sakumna warga,” pokna.


Inyana oge nambahan yén pamaréntahan désa siap ngadampingi dugi ka réngsé. “Ieu program strategis pikeun désa. Kami bakal terus ngadukung nepi ka tuntas,” ceuk anjeunna.


Pangwangunan KDMP ieu dipiharep tiasa nguatkeun kagiatan koperasi sarta ningkatkeun kamekaran ékonomi warga Panyindangan.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "51 Désa di Purwakarta, Désa Panyindangan Neundeun Batu Cikal Peluncuran KDMP"

Posting Komentar