WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat

  53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat PURWAKARTA –   WSO , Danrem 063/Sunan...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pangwangunan KDMP Linggarsari Mimiti Digarap, Ditargetkeun Rengse dina 90 Poé Kalender

Pangwangunan KDMP Linggarsari Mimiti Digarap, Ditargetkeun Rengse dina 90 Poé Kalender



Plered, Purwakarta – WSO,-

Program pangwangunan Koperasi Desa Merah Putih (KDMP) anu kaasup kana 51 titik pangwangunan di Kabupatén Purwakarta ayeuna geus dimimitian di Desa Linggarsari, Kacamatan Plered. Proyék ieu dilaksanakeun dina lahan lega 1.000 méter pasagi, kalayan ukuran wangunan 600 méter pasagi, perenahna caket BUMDes Makmur Sejahtera.


Pelaksanaan pangwangunan ditargetkeun réngsé dina 90 poé kerja kalender, kalayan Serka Sugiono minangka penanggung jawab lapangan sarta Iyan ngajabat Kapala KDMP Linggarsari–Plered. Kagiatan monitoring ogé dihadiran ku Ketua BUMDes Makmur Sejahtera, Asep Samsul, S.Pd, sarta Sékretaris Desa Linggarsari. Rebo, (19/11/2025).


Serka Sugiono ngajelaskeun yén pihakna bakal mastikeun prosés pangwangunan saluyu jeung jadwal. “Mugi pangwangunan ieu tiasa lumangsung aman, tertib, sarta réngsé dina 31 Januari 2026,” saur anjeunna.


Ketua BUMDes Makmur Sejahtera, Asep Samsul, S.Pd., nandeskeun pentingna hadirna KDMP pikeun warga. "KDMP engkéna bakal janten puseur kagiatan ékonomi masyarakat. BUMDes siap bersinergi supados manfaatna karasa ka sakumna warga,” pokna.


Sedengkeun Kepala Desa H. Yusup nu biasa disebat H. Ubuy, nambahan yén pamaréntahan désa siap ngadampingi dugi ka réngsé. “Ieu program strategis pikeun désa. Kami bakal terus ngadukung nepi ka tuntas,” ceuk anjeunna.


Pangwangunan KDMP ieu dipiharep tiasa nguatkeun kagiatan koperasi sarta ningkatkeun kamekaran ékonomi warga Linggarsari.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pangwangunan KDMP Linggarsari Mimiti Digarap, Ditargetkeun Rengse dina 90 Poé Kalender"

Posting Komentar