WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pepernian Urang Sunda : PARIGEUING

 


*PARIGEUING*

Ku : Qisantang


(Sajatining RASA)


*Cirén* manusa nu  diwaris *kajembaran rasa*,  

bakal katitén mapaésan  kahirupanana ku sumiratna cahaya kamulyaan ngadangiang ngubeng dirina.


Saliring dumadi

bakal apal kana *Titis jeung Tulisna*.


*T i t i s,*  anu  ngajadi wujud  (manusa).

*T u l i s,* anu  ngajadi sipat  (kamanusaan).


Hirupna kebek ku rasa-rumasa binarung éling, 

*éling* kana kadar diri *Dihin* jeung  *Pinasti*.            

*Dihin :* kayakinan

*Pinasti :* papastén ti Gusti Ilahi Robbi anu mastikeun kapastian mutlak.


Mibanda *Rasa jeung Rumasa*

*-Rasa* anu katarima,

*-Rumasa* panarimaan.


Hirupna pastina tinemu  kaparigelan keur *nanjeurkeun diri,* percéka nyungsi *tapak* jeung *lacak* geusan lajuninglaku pilalakoneun kahareup.


*T a p a k :* alam nu geus di sorang,

*L a c a k :*  alam panyungsian  pilalakoneun.


Yén diri tetep  nyoréang alam katukang geusan nyawang narawang ka alam anu bakal kasorang, tinangtu bakal mibanda bekel  tetengger sangkan merenah lumampah moal nyasar.  Anu ngandung harti bakal salamet nya diri.

  

Silokana *bihari ngancik di kiwari,* sukma bisa nganjang ka alam supagi (pagéto), pameulina nyaéta *ta'amunnafsi* (renungan diri) nyungsi *cupu manik batin* dina leuwi diri,  tapa *ngojayan aura jiwa* dina sagara rasa..

insyaAlloh..


( Intermezo *)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pepernian Urang Sunda : PARIGEUING "

Posting Komentar