WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Carita Alit

 


CARITA ALIT

Ku : Tatang Sumarsono


Juragan Haji Hasan Mustapa, mendakan karangan, ngagolér handapeun méja. Asa lain boga déwék, gerentes dina manahna. Déwék mah tara nganggit karangan samodél kieu da. Tapi, socana teras ngéjah runtuyan aksara, dugi ka tutugna. 

“Ari ieu jieunan saha?” naros ka opat gandékna.

“Abdi, sun ....”

“Naon ngaranna, karangan kieu pandéna? Sidik lain dangding, da. Tapi …,” anjeunna kerung, “asa alus ning, genaheun dibacana.”

“Sumuhun, éta téh carita alit, Juragan Panghulu.”

“Heueuh tegep. Déwék gé tacan tangtu bisa nyieunna. Aya alusna silaing boga karep hayang ngabujangga, tapi silaing mah, euy, asana merenah kénéh mun jadi tukang ngurus kuda, Tatang.”

Abong Bagawan Sirna di Rasa, weruh sadurung winarah dina nyawang ka jauhna. Da geuning jeung enyana, Tatang leuwih wanoheun kana urusan kuda, batan bagbagan sastra.


**

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carita Alit"

Posting Komentar