Gerentes Haté
Ku : Camat Kecamatan Sukatani (Asep Gumilar)
Assalamu ‘alaikum Wr. Wb.
Wanci janari leutik ...
Kuring lilir tina saré, lain dumeh hareudang pedah
geus usum ka halodo, tapi nyaéta asa lungsé naker sapopoé mantuan barudak nyiapkeun
sapuratina minangka rék tatan-tatan nyanghareupan acara milangkala kamerdekaan lemah cai anu
keur nandangan cocoba...
Duh teu karasa geus 75 taun, mun diibaratkeun jalma mah geus manjing
cueut kahareup, tapi pan béda atuh lamun disaruakeun jeung mahluk
mah, da Nagara batur mah aya nu geus mang ratus-ratus taun umurna....
Kuring mikir jero haté...
Naha bet itungan teuing pikiran téh...?
Tibang lungsé waé asa dianggap
beurat, padahal kolot-kolot pajuang baheula anu merjuangkeun kamerdekaan ieu,
boa mikir kadinya, sigana kop nyawa yeuh raga ceuk paribasa, pikeun ngahontal
cita-cita
bangsa anu merdeka salalawasna...
Bener ...
Bener pisan
urang téh sok itungan palebah dinya téh..
Éta wé geura asa geus béak dengkak ngingetan masarakat
tibang ménta supaya masang umbul-umbul jeung Bandera Merah Putih ...
Eh da lebeng,
meni kudu popolotot bari jeung kudu sababaraha kali nitah téh ....
Beu meni teu boga cedo...
Ngadon pok ngomong .. ah tibang bendera cenah ...
Deuleu éta ngomong asa lalawora kitu ....
Kuring hiji mangsa mah teu kuat nahan kaambek .... bari pok ngomong
.....
Sadar siah kehed .... Enya éta merah putih téh bendera, tapi inget lain sakadar salembar kaén, tapi Lambang Nagara anu ku urang kudu dipihormat ...
Siapa berani menurunkan Engkau , serentak Rakyatmu Membela ...
Tah perhatikeun sumpahna ogé kitu ...
Cag.
Dirgahayu Kamerdekaan RI anu ka-75 taun mugia Gusti Alloh SWT maparin
welas asihNa ka sakumna rakyat Indonesia .. Aamiin YRA
Waas. Wr Wb...

0 Response to "Gerentes Haté"
Posting Komentar