WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Carita Godi Suwarna ka 2 - Pidu'a ti Sadayana:LILIWUNG MUGIA NUNGTUNG


Pidu'a ti Sadayana: 

🌅 LILIWUNG MUGIA NUNGTUNG 🌅

°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°

Para wargi, jalaran Puskesmas nu di lembur mah pelayananana téh nya kitu téa, kalah matak nambihan panyawat ka nu teu damang, sareng kalah matak strés ka nu nungguan, ahirna mah pun biang dialihkeun ka RSU "Dadi Keluarga" di Ciamis. 

Sumpahna gé sing daék demi, sim uing sakulawargi teu ngumaha ka sasaha. Nanging, waktos nuju di jalan ti lembur ka Ciamis, Kang Nanang Permana, Ketua DPRD Kabupatén Ciamis ngajapri, naroskeun kumaha sikon di Puskesmas. Rupina, anjeunna maos status sim uing perkawis Puskesmas téa. Ku sim uing disanggemkeun réh pun biang badé dialihkeun baé. 

Barang jol ka RSU "Dadi Keluarga", tos nyampak ajudan Ang Nanang Permana. Urusan peradminstrasian lumangsung lancar pisan, diladénan ku padamel RSU nu saroméah. Pun biang ditempatkeun nyalira di rohang énggal nan genah tumaninah. 

Ayeuna, pun biang tos ngawitan kersaeun nyarios, bénten sareng waktos di lembur, nu matak pikahariwangeun. Hatur nuhun ka sadaya nu parantos sambung dunga. Neda teras pidu'ana baé, mugia pun biang sing séhat sabihari deui!


Hatur nuhun, Pa Ketua DPRD! 

Didungakeun ku sim uing sakulawargi, mugia Pa Ketua sing janten Gubernur Jabar!

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carita Godi Suwarna ka 2 - Pidu'a ti Sadayana:LILIWUNG MUGIA NUNGTUNG "

Posting Komentar