WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta

Upacara Poé Bela Negara Ka-77 Digelar di Taman Pasanggrahan Padjadjaran Purwakarta Purwakarta – WSO Dina raraga miéling Poé Bela Negara Ka-...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Jumpa Pers Sidang Isbat Mimit Ramadhan 1440 H


Jumpa Pers
Sidang Isbat Mimit Ramadhan 1440 H


Jakarta – Warta Sunda Onliné
K
amari pamaréntah ngumumkeun hasil sidang isbat dina nangtukeun mimiti puasa. Dina hal ieu mah puasa 1 Ramadhan 1440 Hijriah kasapukan poé ayeuna Senen,  Mei 2019.
Sidang digelar di Kantor Kementrian Agama, Jl. MH. Thamrin Jakarta Ahad (5/5/2019) jam 18.50 WIB sabada solat magrib. Menteri Agama, Lukman Hakim Saifuddin  nu mingpin langsung sidang isbat pikeun nangtuken 1 Ramadhan 144o H.
“Kasapukan dina sidang isbat nyatana poé ayeuna mimiti puasa, samemehna peutingna solat taraweh maleman kahiji,” pokna Menag Lukman.
Ku kituna, inyana ngawakilan pamaréntah ngawilujengkeun ngalaksanakeun idahah  puasa sabulan campléng.

Acara Sidang Isbat digelar secara tertutup jeung dihadiran sajumlah tokoh di antarana ti PBNU, PP Muhammadiyah, Majelis Ulama Indonésia (MUI), Ketua Komisi VIII DPR Ali Tahér jeung Imam Besar Istiqlal Nasaruddin Umar. Hadir ogé Duta Besar negara-negara sahabat, Lembaga Penerbangan jeung Antariksa Nasional (LAPAN), Badan Meteorologi Klimatologi katut Geofisika (BMKG), Pejabat Eselon I tur II Kementerian Agama sarta Tim Hisab dan Rukyat Kementerian Agama.
Ditempat nu béda, Mahkamah Agung di Arab Saudi netelakeun can narima ibar ngeunaan penampakan hilal Ramadhan 1440 Hijriah poé Senen.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Jumpa Pers Sidang Isbat Mimit Ramadhan 1440 H"

Posting Komentar