WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kembang Katrésna - Néng Yunda Aryanti Lestari Juara II Rampak SD


Néng Yunda Aryanti Lestari
Juara II Rampak SD



SADANG - Warta Sunda Online, 

M
OJANG alit tur geulis nu hiji ieu téh wastana Yunda Aryanti Lestari, nenehna Néng Yunda bakat nari téh ti keur leutik kénéh. “Bakat éta téh, ayeuna geus jadi ladang dina ngundeur préstasi dina tiap lomba,” kitu ceuk Yayan Mulyana, M.Pd (guru SMPN 8 Purwakarta) nu janten rama Néng Yunda ngawangkong ka Warta Sunda Onliné, pasosoré poé Ahad (24/2) dibumina.

“Bakat ti keur leutik éta, nu ngalantarankeun tuang putra bisa nyangking préstasi téh, ngan teu gampang kitu waé, da sok mindeng latihan nari di bumi tur ngiringan sanggar keur leuwih neuleuman kaélmuan nari,” pokna.
Ku kituna tuang putra ngiring janten pamilon lomba “RAMPAK JAIPOGAN” Tingkat SD nu diayakeun ku RAMAYANA nu tempatna di Sadang Terminal Square, nya tuang putra kapinunjulan Juara-II Rampak SD.
Inyana ngarasa reueus ku hasil préstasi nu janten murangkalihna geus bisa némbongkeun préstasina. Mugia tuang putra sim kuring kapayuna langkeung leubeut deui dina ngundeur préstasi. “Samalih dina waktu deukeut ieu, rék aya kagiatan Sirung Sunda Pinilih Tingkat SD/MI, SMP/MTs jeung SMA/MA/SMK nu baris lumangsung Maret nu bakal datang. Nu tujuanana dina raraga miéling Poé Basa Indung sa-Dunya,” pokna Yayan.
Sedengkeun uar pangajak ti pihak panitia, ngalewatan IO, Wulan negeskeun yén nu janten jejerna : “Dalam Rangka Melestarikan Seni & Budaya “Pasanggiri Jaipongan Tunggal & Rampak” Ramayana Sadang. *** Anto S.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kembang Katrésna - Néng Yunda Aryanti Lestari Juara II Rampak SD "

Posting Komentar