WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

FARHAN Geus 8 Taun Katarajang Panyakit Hidrosefalus Tepi ka Ayeuna Teu Aya nu Maliré


FARHAN Geus 8 Taun Katarajang Panyakit Hidrosefalus
Tepi ka Ayeuna Teu Aya nu Maliré


JATILUHUR - Warta Sunda Onliné,

Neda pidua’a sareng bantosanna.

Ieu baraya urang nu keur katarajang panyawat Hidrosefalus ti keur leutik kénéh nepika geus 8 (dalapan) taun can damang waé. Kulantaran nu jadi sepuhna nilik tina faktor teu aya biaya.

Wastana “FARHAN” putra ti Ibu Maya Warga Kampung  Sukahurip, RT.08/05 Désa Jatiluhur, Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta.

Dina hal ieu mah, yén FARMAN, ayeuna diungsikeun di imah salahsaurang warga di Blok A-18 RT.04/RW.01 Désa Jatimekar, Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta. Kulantaran jauh ti akses jalan jeung imahna teu layak huni, antukna diungsikeun ka imah warga. Kajaba Farhan ditinggalkeun ku Bapana, alatan cerai jeung nu jadi ibuna.

Kasang tukang Farhan nepika kitu téh, nilik tina nu jadi kepala keluarga, bapana cerai jeung nu jadi bojona, antukna ieu murangkalih teu katolih nu jadi bapa. Tapi nu jadi ibuna nepika ayeuna miharep bantuan jeung perhatian ti sadayana.


Kalih ti éta, Farhan kungsi dibawa ka rumah sakit tapi ditolak alesan di ruang ICU na Pinuh. Ku kituna miharep ka pihak pamaréntah daérah tiasa diperhatikeun sakumaha mistina.*** Yayan Rohyana


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FARHAN Geus 8 Taun Katarajang Panyakit Hidrosefalus Tepi ka Ayeuna Teu Aya nu Maliré"

Posting Komentar