Ceuk Hj. Ocih, S.Pd : Targetna Kids Atletik jeung Solo
Ceuk Hj. Ocih, S.Pd :
Targetna Kids Atletik jeung Solo
“Ngukur kamampuhan murid loba cara. Diantarana sina miluan lomba, pasanggiri atawa pertandingan. Tah kagiatan kawas kitu téh, ilahar naker di sakola mah, saperti nu lumangsung di SD nu aya di Kacamatan Maniis, Purwakarta.”
MANIIS – Warta Sunda Onliné,
B
|
édana
barudak di SD Maniis, Purwakarta mah, gariat naker. Malihan aratoheun miluan saniskara
kagiatan téh. Saperti harita, di Lapangan Sepak Bola Kecamatan Maniis, murid-murid
SD téh hégar marahmay dibarung ku euyah-euyahan susurakan nyumangetan
babaturanana nu keur makalangan.
Dina hal ieu mah, ceuk Ketua
Panatacalaga, Hj. Ocih, S.Pd yén kagiatan kawas kitu, kaasup maneuh. Harita
téh, barudak di éta kacamatan mariluan Olimpiade Olahraga Siswa Nasional
(O2SN), Olimpiadé Sains Nasional (OSN), Olahraga Tradisional (OLTRAD), Festival dan
Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N), Literasi sarta Sapta Lomba
PAI satatar Kacamatan Maniis.
Di
Purwakarta, mémang barudak téh biasa mariluan sanisakara kagiatan. Kituna téh,
da éta kagiatan maneuh saban taun. Ari kagiatan naratau dihandap heula. Barudak
téh diabenkeun di tingkat kacamatan nu saterusna sina mariluan di tingkat nu
leuwih luhur, kabupatén, provinsi eung nasional.Kagiatan kawas kitu loba mangpaatna. Barudak bisa ngukur kamampuh sorangan ku cara ngabandingeun jeung kamampuh babaturanana ti sakola séjén. Ari keur guru mah éta agiatan téh bisa jadi cara meunteun barudak, pangpangna mah dina sagala widang.
Saniskara
kagiatan di Maniis, lumangsung ti tanggal 06 nepika 08 Fébruari 2019.
Tempatna di Lapang Sepak Bola Kecamatan Maniis, SD Negeri Cijati, Gédong PGRI
Maniis jeung SD 1 Citamiang Kacamatan Maniis Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat.
Barudak
téh sarumanget naker. Atuda, bisa tepung jeung babaturan sakola séjén, sakalian
ngadu jajatén jadi juara, engkéna boga miluan dina kagiatan nu leuwih luhur.
Barudak
nu tandang, mémang meunang milihan guru-guruna. Kitu téh luyu jeung pangabisa
masing-masing. Dina kagiatan éta téh, aya genep rupa widang lomba diantarana
O2N, OSN, FLS2N, OLTRAD, LITERASI sarta PENTAS PAI.
“Nu
mariluan téh ti sakumna SD nu aya di Kecamatan Maniis. Teu hésé néang patandang
mah, da masing-masing sakola gé nataharkeun ‘para atlit” tianggalna kénéh.
Atuh, dina waktuna téh kari prakna. Kamari gé, éta saniskara kagiatan téh
diiluan ku 16 SD nu aya Kacamatan Maniis” pokna Hj. Ocih ngabéjerbéaskeun kagiatan
ka Warta Sunda Onliné, sabada
pembukaan acara nu dibuka langsung ku Camat Kecamatan Maniis, Cécép Suhendar, S.Sos,
poé Rébo, (06/2/2019) di Lapangan Sepak Bola Kecamatan Maniis, Kabupatén
Purwakarta, Jawa Barat.Sedengkeun nu ditargetkeun ku Kacamatan Maniis dina widang O2SN mah Cabor KIDS Atletik, FLS2N mah nyanyi Solo. Éta diantara nu jadi target téh. “Malah kasang tukangna kungsi janten wawakil nepika provinsi opat target éta téh,” pokna Hj. Ocih deui.
Ketua Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) Pendidikan
Kecamatan Maniis, Mulyanto, S.Pd, M.Pd, nétélakeun yén suksesna ieu
kagiatan téh hasil karancagéan jeung gawé bareng staké holdér hususna rengrengan Kepala Sekolah katut guru-guruna nu
parantos milu aub pikeun kalumangsungan ieu kagiatan. Kajaba ti éta, nu jadi
témana téh : “Pertahankeun Préstasi nu
Aya pikeun ngawujudna nonoman nu berkarakter.”
Hasil
tina kagiatan ieu téh, bisa dipaké ngukur kamampuh keur diilikeun dina kagiatan
nu leuwih luhur. Nu punjul bisa diilukeun di tingkat kabupatén, provinsi jeung
nasional. “Mangpaat sanésna, ieu kagiatan tiasa janten alat silaturahmi sareng
ngamekarkeun kréativitas siswa,” pokna Pa Mulyanto nu biasa disebat (K3S).
Nurutkeun
data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén saniskara
kagiatan di Wanayasa tina 30 Cabang Lomba, 16 Sakola, jumlah pamilon 990 urang,
223 urang pendamping 39 urang dewan juri, 130 urang Panitia Pelaksana. Acara
dihadiran ti piha UPTD Pendidikan Kecamatan Maniis katut Penilik/Pengawas SD Maniis.
Lian ti
éta, Juara Olimpiade Matematika Juara 1 : Irma Siti Ulyatun Siswa SDN 2
Gunungkarung, Juara 2 : Dédé Muhtadin Siswa SDN 1 Cirama Hilir, sarta Juara 3 :
Kelvin Trian siswa SDN 1 Citamiang. Olimpiade IPA Juara 1 : Réva Rosalina Siswa
SDN 2 Citamiang, Juara 2 : Yusup Sopian Siswa SDN Cijati, Juara 3 : Rima Andini
siswa SDN 1 Ciramahilir.
Kajaba
éta, Juara FLS2N Widang Cerita Bergambar Juara 1 : SDN 2 Sinargalih, Juara 2 : SDN
1 Tegaldatar, sarta Juara 3 : SDN 2 Ciramahilir. Widang Pantomim Juara 1 : SDN 1
Tegaldatar, Juara 2 : SDN 1 Gunungkarung, sarta Juara 3 : SDN 1 Sinargalih.
Widang Tari Kréasi Daérah Juara 1 : SDN 2 Sinargalih, Juara 2 : SDN 1 Tegaldatar,
sarta Juara 3 : SDN 1 Citamiang. Widang Menyanyi Tunggal/Solo Juara 1 : SDN 1
Citamiang, Juara 2 : SDN Cijati, sarta Juara 3 : SDN 2 Sinargalih. *** Anto
Sukanto.




0 Response to "Ceuk Hj. Ocih, S.Pd : Targetna Kids Atletik jeung Solo"
Posting Komentar