Target Kecamatan Kiarapedes di Tingkat Kabupatén - Kasapukan Nargetkeun Sepak Bola jeung Hadang Jawara ka-1
Kasapukan Nargetkeun Sepak Bola
jeung Hadang Jawara ka-1
KIARAPEDES – Warta Sunda Onliné,
L
|
Dipilihna ieu tempat téh
kasapukan rengrengan kepala sekolah katut KKG Olahraga, malah mandar acarana
mareng jeung poé kesadaran nasional gawé bareng jeung pihak kecamatan. Ku kituna
ieu kagiatan dibuka langsung ku Camat Kecamatan Kiarapedes, Asép Senjaya, M.Si
anu tempatna dipuseurkeun di Lapang Sepak Bola Paréang Désa Kiarapedes, Kecamatan
Kiarapedes, Kabupatén Purwakarta, poé Senen (18/2).
Dina biantarana Camat Kecamatan
Kiarapedes, Asép Senjaya, M.Si, peupeujeuh ka para pamilon Pekan Kréatifitas
Siswa, sangkan luyu sareng téma nyaéta : “Jungjung Tinggi Sportifitas,
Solidaritas dan Kebersamaan.” Dina hal ieu mah, témbongkeun unjuk kabisana dina
widangna masing-masing tur tiasa ngahasilkeun duta ti Kiarapedes pikeun
nyangking préstasi di Tingkat Kabupatén Purwakarta.
Lain deui nu kasauran Pupuhu
Panatacalagara Pekan Kréatifitas Siswa Tingkat Kecamatan Kiarapedes, Yayat
Hidayat, S.Pd (Kepala SDN 1 Pusakamulya), dina laporanna teu loba carita, mung
miharep ieu kagiatan pikeun tolak ukur para siswa dina nyanging préstasi. Poma
mapag saniskara kagiatan di tingkat kabupatén tinggal sababaraha poé deui. “Malah
kagiatan ieu téh ajang néang bakat lajuning engké dewasa. Sok témbongkeun
pangabisana sewang-sewangan,” pokna Pa Yayat.
Dina kasempetan éta oge, Pengawas
SD, Nana, S.Pd nu dibaturan Ketua K3S SD Kecamatan Kiarapedes, Mohamad Ali Iskandar,
S.Pd, kasapukan hoyong nargetkeun Sepak Bola ka-3 jeung Hadang ka-2 di Tingkat
Kabupatén Purwakarta. “Mudah-mudahan taun 2019 ieu téh duanana bisa jadi juara
ka-1,” pokna Nana.*** Anto Sukanto



0 Response to "Target Kecamatan Kiarapedes di Tingkat Kabupatén - Kasapukan Nargetkeun Sepak Bola jeung Hadang Jawara ka-1"
Posting Komentar