WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SAJAK - AI WAWANG


Kelir Héjo

Anaking....
Kunaon urang maké kelir héjo, bari satukangeun urang kapan itu geuning héjo ngémploh....
Sakuduna urang maké kelir bodas anu nyacas. Atawa kayas jeung kasumba kelir kameumeut?
Atawa beureum pulas layung sangkan atra jadi puseur paneuteup di sabudeureun urang....
Anaking.... Kapan diajar nyeusep, nu katingal, nu karandapan di sabudeureun urang téh, nyata urang kudu lebur kokojayan di enyana.
Kajeun jadi héjo dina héjo.
Lain harti boga sipat lolondokan.
Lain harti urang kecing taya kawani.
Lain harti urang henteu boga pamilih
Tapi..., urang milih tingtrim dina nyikepan gumuruhna jaman.
Ulah gimir, kapan pulas pulas warna warni jeung éndahna katumbiri mah geus matri dina lalangit ati urang....
Kintunan Ai Wawang


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SAJAK - AI WAWANG"

Posting Komentar