WARTA ATIKAN TI BOJONG - Hasil Tina Sirung Sunda Pinilih Tk. Kecamatan "Teu Aya Perhatian nu Langkung Daria"
"Mapag Ka Kabupaten"
BOJONG – Warta Sunda Onliné,
M
|
ASIH dina
raraga ngareuah-reuah miéling poé basa indung sa-dunya, pihak panatacalagara sawatara
katukang ngayakeun saniskara kagiatan sa-Kecamatan Bojong salahsahijina Sirung
Sunda Pinilih, Poé Rébo, (27/2) di SDN 1 Cibingbin, Kecamatan Bojong,
Purwakarta.
Basa Sunda téh mangrupikeun basa indung urang
Sunda, rék kusaha deui nu milu ngamumulé basa Sunda téh salian ku urang Sunda.
Urang ulah éra nyarios basa Sunda. Ayeuna loba pisan kulawarga Sunda
turunan-turunan urang geus teu ngawariskeun basa jeung budaya Sunda ka anak
jeung incu-incuna! Mun ku urang dilenyepan, barudak ayeuna teu tiasa nyarios
basa Sunda ulah nyalahkeun budak. Urang kudu ngoréksi diri geus nepi di
mana urang téh ngamumulé basa indung (Sunda?).
Saleresna, sanés teu kenging ngagunakeun basa
deungeun (basa asing), tapi urang teh hirup hususna di bumi tatar pasundan
jeung umumna hirup di bumu Nagara Kasatuan Republik Indonésia. Contona teu
saeutik tulisan-tulisan boh dina media cetak atawa media elektronik jeung
sajabana nu maké basa deungeun. Tapi saéstuna ku kamajuan jaman nu gancang
robah ieu, urang téh ulah tinggaleun kudu bisa ngagunakeun (ngucap jeung nulis)
basa deungeun nagara lain. Malahan urang kudu leuwih wijak yén ulah
ngapilainkeun basa jeung budaya Sunda jeung ulah ngagulkeun basa deungeun tapi
kudu saimbang jeung basa indung (hususna basa Sunda umumna basa Indonésia).
Ungkara diluhur téh, keur Ibu Érna Nurjanah, S.Pd
(Guru SDN 1 Cibingbin, Kecamatan Bojong, Purwakarta) ngawangkong jeung Warta
Sunda Onliné sabada nga-MC-an acara Sirung Sunda Pinilih Tingkat Kecamatan
Bojong, inyana sapagodos. “Malihan peran orang tua di bumina sewang-sewangan nu
kedah langkung anteb pikeun dina ngagunakeun basa sadidintenna nganggo basa
Sunda,” pokna.
Ku kituna, ina tarékah jeung patéah kagiatan
Sirung Sunda Pinilih Tingat Kecamatan Bojong ieu téh, masih dina raraga
ngamumule Basa Sunda luyu sareng jejer : “Merenahkeun Basa jeung Sastra Sunda
di Balaréa”. “Sim uring sareng saparakanca ngahudangkeun deui sumanget ka warga
atikan ngamumulé Basa Sunda dibumina sewang-sewangan,” pokna Érna.
Dina hal ieu mah basa Sunda téh tong nepika
luli-luli hususna ka warga atikan pon kitu deui ka warga masarakat. “Hayu urang
babarengan pikeun ngajaga tur ngamumulé basa Sunda tong nepika tumpur,” pokna.
Dina asempetan éta ogé, Kepala UPTD Penddiidkan
Kecamatan Bojong, Asép Khoér, M.Pd. Inyana ngarasa reueus ka para pamilon nu
milu aub dina Sirung Sunda Pinilih, katingal para pamilon nu sakitu gedé
perhatosanna kana lomba kasundaan.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi Kagiatan
Sirung Sunda Pinilih, hasil gawé rancagé antara Kelompok Kerja Kepala Sekolah
(K3S), guru-guru katut pihak UPTD Pendiikan Kecamatan Bojog.




0 Response to "WARTA ATIKAN TI BOJONG - Hasil Tina Sirung Sunda Pinilih Tk. Kecamatan "Teu Aya Perhatian nu Langkung Daria""
Posting Komentar