WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Live Report : Dua rumah di Kp. Cibodas

Live Report: Kondisi terkini Dua rumah di Kp. Cibodas Desa Panyindangan, Sukatani, Purwakarta jam 04.00 WIB jebol oleh tingginya...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

TEMPO.CO - WSO


Selat Sunda 11 Kali Tsunami

3 Diantarana Masih Misteri 


Bandung - Warta Sunda Onliné,
T
SUNAMI Selat Sunda geus sabelas kali kajadian, ayeuna kajadian dina poé Saptu peuting 22 Desember 2018. Ngan nepika ayeuna, aya tilu tsunami nu can kanyahoan hal musababna. Nyaéta tilu tsunami téh dina taun 1851, 1883, jeung taun 1889.
"Teu kanyahoan tina parameter gempana ogé. Diasumsikeun akibat aktivitas longsor ti handap laut," ceuk Kepala Subbidang Mitigasi Gempa Bumi dan Tsunami Wilayah Barat PVMBG, Akhmad Solikhin, basa ngawangkonng jeung  wartawan di kantorya, Ahad, 23 Desember 2018.
Sok sanajan musababna tina longsor ti handap laut, tapi néang bukti-bukti rada hésé. Kulantaran kudu apal batimetri (peta topografi dasar laut) saméméh kajadian, dibandingkeun jeung batimetri saengeus kajadian. Éta téh merlukeun waragad nu cukup lumayaneur survei na," pokna Ahmad.
Nurutkeun data nu kahiji, 4 Mei 1851. Kajadian tsunami di Teluk Betung, di jero Teluk Lampung. Tsunami ieu téh katiten yén gelombang naék 1,5 métér ti pantai can kapanggih musababna. Pon kitu deui data nu kadua kajadian tanggal 10 Oktober 1883. "ieu mah kajadiannana dua bulan saeunggeus letusan Krakatau (27 Agustus 1883). Kajadian tsunamina di Cikawung, di Pantai Teluk Selamat Datang. Katiten gelombang laut ngabanjiran pantai sejauh 75 métér, jarak jangkauannana," pokna Akhmad.
Sedengkeun kajadian nu katilu dina bulan Agustus 1889. "Ieu kajadian  di Pantai Anyer. Teu kacatét sabaraha ketinggianna. Ngan ukur naékna cai laut nu teu wajar," pokna deui.
Lain deui ceuk Kepala Bidang Mitigasi Gerakan Tanah PVMBG, Agus Budianto, dipastikeun lain gempa bumi nu jadi masalah tsunami Selat Sunda, Saptu, 22 Desember 2018. Tapi, Hipotesa aktivitas gunung api, pokna, ayeuna tingal nunggu hasil penelitian ti tim gunung api PVMBG.
"Poma ieu kajadian tina tumpahan material nu gedé akibat letusan ka laut sacara ngadadak, seperti letusan taun 1883, nu ahirna jadi tsunami? Ieu nu can anyahoan," pokna. Agus nambahkeun, ari dugaan tsunami akibat longsor ti handap laut ogé kudu dipastikeun bener atawa tina aktivitas erupsi Gunung Anak Krakatau.
"Faktana ayana tsunami, tapi tanpa gempa bumi jeung ayana letusan gunung api. Kiwari keur ditéang nu jadi musabna," pokna. "Longsor ti handap laut éta tangtu aya sababaraha pemicu, saperti gempa bumi, gunung api, gerakan tanah atawa longsoran ti handap laut. Longsoran ieu téh bisa jadi akibat gempa bumi, atawa letusan gunung api, pon kitu deui tina pasualan nu lain. Ieu keur dicek."
Agus nambahkeun, tsunami nu kajadian di Selat Sunda, Sabtu, 22 Desember 2018 téh, diduga jeung material dijéro nu volume gedé pisan. "Tsunami nu saperti kitu téh kudu aya sentakan dadakan," pokna.
Ari ceuk Kepala Bidang Mitigasi Gunung Api PVMBG, Wawan Irawan, inyana geus ngirimeun timna pikeun mastikeun jeung mariksa hubungan tsunami di Selat Sunda, Sabtu, 22 Desember 2018, ayana aktivitas Gunung Anak Krakatau. Kitu waktu konfrensi pers di kantorna di Bandung, Ahad, 23 Desember 2018.
Wawan negeskeun, salah sahijina akibat letusan ieu téh dina poé Saptu, 22 Desember 2018, jam 21.03 WIB, antukna ngaruksak peralatan nu dipasang PVMBG di Pulau Gunung Anak Krakatau. Pon kitu deui, kulantran letusan bertipe strombolian (letusan kecil) éta, dilaporkeun ayana gelombang pasang nu ngabalukareun ayana tsunami ceuk BMKG.*** Ahmad Fikri (Kontributor Tempo.Co)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TEMPO.CO - WSO"

Posting Komentar