WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Sekda Purwakarta Sampaikan Penjelasan Bupati tentang RPJPD 2025-2045 pada Rapat Paripurna Tingkat I DPRD

Sekretaris Daerah Purwakarta nepikeun katerangan Bupati ngeunaan RPJPD 2025-2045 dina Rapat Paripurna DPRD Tingkat I. PURWAKARTA...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Panineungan Ki Engkos Kosasih Barnas Somantri (Alm) - Dalang Kahot

Wayang Jeung Elmu Pangaweruh

Ku :
Ki ENGKOS KOSASIH BARNAS SOMANTRI (Alm)

Para Mitra kanca Warta Sunda Onliné sadaya, diuningakeun réhna dina ngawitan édisi ayeuna, Warta Sunda Onliné baris midangkeun hiji pangaweruh dina wanda Padalangan anu judulna WAYANG JEUNG ÉLMU PANGAWERUH pedaran Ki Dalang ENGKOS KOSASIH BARNAS SOMANTRI (Alm), manténna téh salah saurang pini sepuh seni Padalangan Purwakarta, atuh mudah-mudahan dina pedarannana ieu sing ngajantenkeun leuit pangarti, nambahan ambahan Élmu Pangaweruh dina widang Padalangan.




G
aris gedena ngawayang sapeuting jeput teh nyaritakeun jalanna lalakon wayang. Naha lalakon Pakem Mahabaratha, Ramayana, Lalakon Sempalan atawa Carangan (Karangan) gumantung kumaha Ki Dalang. Tegesana lalakon mah teu jadi soal, rék maké lalakon naon baé ogé. Ngan anu jadi pertanyaan téh naha ngawayang nu sapeuting jeput téh Ukur Nyaritakeun Jalanna Lalakon?.
Jawabna : mun Ki Dalang ukur nyaritakeun jalanna lalakon baé ngawayangna henteu sampurna, ibarat angeun teu disambaraan, cawerang karasana. Ari ngawayang cawerang téh ngandung harti ngabahas lalakonna “Henteu Ngeusi” bolostrong taya pulunganeun nu lalajo. Padahal tiap lalakon téh aya témana, naha soal parebut kakawasaan nagara, soal asmara, ngadu élmu jeung sajabana. Téma éta téh jadi inti sari lalakon anu kudu dieusian ku rupa-rupa pangaweruh, luyu jeung maksudna.

Ari ngadalang anu ukur nyaritakeun jalanna lalakon téh contona saperti kieu : “Di nagara Pasebrangan, Prabu Kala Bergawa dideuheusan ku patih jeung ponggawa mantrina. Sanggeus lagu diturunkeun/dieureunkeun tuluy dalang kakawen jeung nyandra disambung ku biantara.
Raja : “Eit, patih, sukur bagja kumanjangan sampean geus aya dipanangkilan. E, e, saenyana kaula keur bingung teu manggih tungtung, susah teu manggih lebah, mikiran nu dipikahayang ku kaula”.
Patih : “Dawuh, paingan atuh gusti, ngangkir abdi gusti ngadadak pisan. Sihoreng paduka nuju kahemengan panggalih. Kukituna sumangga geura uningakeun naon anu jadi kabingung ka dampal paduka dalem kaulanun”.
Raja : “Eit, kieu patih. Kaula téh keur meujeuhna gandrung kapirangrung kabiruyung ku gelung, kaedannan ku wanoja anu geulisna kawanti-wanti éndah taya papadana. Mun peuting kaimpi-impi, beurang teu weleh kapicangcam, patih”.
Patih : “Kahartos kaulanun. Naging saha éta putri téh; naha putri urang dieu atanapi putri ti mancanagara, sareng saha kakasihna?”.
Raja : “Eit, éta putri téh ngaranna Subadra urang Madukara”.
Patih : “Dawuh. Lajeng kumaha ayeuna pangersa téh kaulanun”.
Raja : “E, e, sampean kudu indit ka Madukara sarta paling éta putri sing kabawa, ku kaula rék dijieun prameswari, patih”.
Patih : “Unjuk sumangga. Nanging iraha abdi gusti kedah mios téh kaulanun?”.
Raja : “E, ulah diengkekeun deui ayeuna kénéh sampean kudu mangkat jalankeun parentah kaula, ngarti!”.
Patih : “Sapangersa diestokeun pisan. Pamit kaulanun!”.
Raja : “Bral patih!”.
Paguneman antara raja jeung patih dipungkas nepi kadinya. Tah cara ngawayang sarupa kitu nu disebut ukur nyaritakeun jalanna lalakon alias bolostrong téa. Pangna disebut bolostrong dumeh jalanna lalakon teu di “bungbuan” ku pangaweruh anu matak ngahirupkeun jalanna paguneman antara raja jeung patihna. Ieu hartina ki dalang heureut ku élmu kurang panalarna. Padahal dina tiap adegan téh ki dalang kudu bisa ngareka ku rupa-rupa bahan picaritaeun anu luyu jeung maksudna. Walhasil cara ngadalang sarupa kitu baris leungiteun daya tarik kanu narongton, malah tungtungna ngundang kabosen sabab ngadalangna monoton. Padahal predikat dalang téh geus kaceluk purah “NGUDAL PIWULANG”, hartina nu sok méré piwulang dina sagala hal kalawan parantaraan tokoh-tokoh wayangna ku jalan ngeusian jalanna lalakon.
Kukituna merenah dina tempatna mun dalang pinuh ku élmu jembar ku panalar, reumbeuy alaeun sugih petikeun boh lahirna atawa batinna.
Tegesna mah urang hirup téh perlu néangan élmu, nyaéta élmu Allah, da sanajan ngawayang ogé élmuna kagungan anjeunNa kénéh. Ari élmu Allah téh lamun ditulis moal cukup ku mangsi saeusi sagara, moal cekap ku keretas saayana daun di alam dunya, bawaning ku lobana jeung rupa-rupa warnana.
Kumaha jalanna urang  mulungan/néangan élmu?. Mulungan/néangan élmu salian ti indung bapa, ti guru jeung ti papada kaula téh, ogé ceuk kolot mah cénah : “TÉANGAN ÉLMU DINA LUANG JEUNG DALUANG”.
Élmu tina LUANG, ieu mah élmu anu geus diyakinkeun atawa karandapan ku sorangan, teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata, teu kapalingan rasa, pait peuheurna bener henteuna da kaalaman ku pribadi. Tegesna mah LUANG téh PANGALAMAN. Jadi lamun urang loba luang/loba pangalaman tangtu lega ambahan atawa wawasan, loba kanyaho.
Ari élmu tina DALUANG nyaéta élmu tina keretas anu aya tulisan tegesna : “Buku”. Ngandung harti élmu téh aya dina buku. Kukituna para Dalang the kudu ngabiasakeun maca buku, sabab buku téh gudangna élmu. Jalma nu resep maca sok rada onjoy kanyahona ti sasama anu tara biasa maca buku. Tah élmu jeung pangalaman ieu anu bisa nambahan pangaweruh ka para Dalang pikeun “ngabungbuan” jalanna lalakon wayang. Ieu ngandung harti jadi Dalang téh henteu cukup ukur neuleuman élmu padalangannana baé, tapi kudu dibarengan ku élmu pangaweruh umum (élmu pengetahuan umum) pikeun ngaronjatkeun ajén/mutu garapan padalangan sangkan leubeut  araheun, sugih petikeun nu lalajo téa.

*****

Dina Abad Milinéa.

Bangsa Indonésia geus asup ka jaman anu téknologina leuwih canggih, dijaman kiwari kajadian parobahan nilai ti masyarakat tradisional ka masyarakat modérn. Kusabab éta kagiatan budaya ogé kudu bisa nyaluyukeun diri jeung situasina. Kitu deui seni padalangan kudu ngaronjatkeun mutu garapannana ku jalan inovasi/parubahan pikeun nyaimbangkeun garapanna jeung kamajuan jaman. Ngan baé dina parubahan ulah nepi ka paribasa “TUNGGUL DI RARUD CATANG DI RUMPAK”. Upamana ngawayang diiring ku orkes dangdut komo jeung dijogedan mah, atawa hal-hal anu henteu pantés digelar dina pagelaran wayang.
Nu dimaksud  ngarobah padalangan téh nyaéta, ningkatkeun ajén atawa mutu garapan ngadalangna diantarana anu tadi  diterangkeun, nyaéta ngadalang  ulah  ukur  nyaritakeun  jalanna  lalakon baé, tapi kudu dieusian ku rupa-rupa pangaweruh sangkan boga daya tarik jeung aya  mangfaatna  kanu  lalajo.
Komo dina nyanghareupan abad milinéa, anu lalajo téh lolobana anu ngarora anu pamikirannana dumasar sacara rasional, atawa nu kaharti ku akal jeung pikiran maranéhna. Tah lebah dieu para dalang kudu bisa nyaimbangkeun antara garapan ngadalangna jeung daya pamikiran atawa daya tangkap maranéhna. Sabab paéh hirupna seni padalangan dina waktu nu baris datang, gumantung kana dukungan anu ngarora. Tegesna angkatan ngora téh kacida dipikaharepna pikeun neruskeun karesep kaun dewasa  jeung para sepuh kana seni padalangan.
Kukituna para dalang khususna, dalang angkatan ngora kudu siap sayaga ti ayeuna kénéh, getol ngulik pangaweruh boh lahir atawa batin jeung hal-hal anu saluyu jeung kamajuan jaman.

*****

Ayeuna urang nyaritakeun alat peraga padalangan sunda nyaéta WAYANG GOLEK. Anu dimaksud didieu nyaéta “kaserbagunaan” ngagerakkeun wayangna. Hal ieu penting pisan sabab dumasar kana panalitian loba kénéh para dalang anu can ngarti atawa can bisa ngamangfaatkeun kaserbagunaan  wayang  golek  dina  magelaran.
Di dunya seni padalangan aya sababaraha rupa wayang diantarana, Wayang Bali, Wayang Kalimantan, Wayang Sigale-gale, Wayang Kulit Jawa, Wayang Kulit Betawi, Wayang Suluh jeung sajabana salian ti wayang golek Sunda jeung wayang kulit jawa. Lamun dibandingkeun hirupna ngagerakkeun antara wayang golek jeung wayang kulit, tangtu leuwih hirup wayang golek. Wayang golek mah sirahna bisa ngalieuk kasisi kagigir, awakna bisa digerak-gerakkeun niru nu ngarenghap/narik nafas. Atuh leungeunna bisa digerakkeun kalawan bebas niru ibing atawa jurus penca tegesna bisa digerakkeun lir jalma hirup. Sedengkeun wayang kulit, eukeur mah bangunna ipis, sirahna jeung awakna henteu bisa gulakgilek saperti wayang golek. Rajeun obah, digebeg-gebeg atawa dioyag-oyag, iwal ti leungeunna anu bisa digerakkeun téh.
Tapi naha dina prung na manggung magelaran kalan-kalan bét hirup kénéh wayang kulit batan wayang golek?. Lain hirup duméh wayang  kulit mah hampang, da ari dalangna males mah tetep baé henteu hirup. Horéng simana horéng sanggeus ditaliti pangna pagelaran wayang golek kurang hirup téh, ki dalangna kurang ngamangfaatkeun kaserbagunaan wayangna/wayang  golek.
Contona : Wayang bingung, diantep nanceb dina gebog ukur tudingna diacung-acung nyabakan sirahna; wayang keur nyarita serius henteu digerakkeun atawa ngalejeg, ukur leungeunna diacung-acung. Kitu deui wayang keur ambek, gumbira, sedih jeung sajabana diantep nanceb henteu dicabut diperagakeun. Tungtungna pagelaran wayang anu kuduna hirup téh jadi pasip, da ki dalang henteu ngamangfaatkeun kaserbagunaan wayang gokena.
Padahal sawaktu-waktu wayang téh kudu dicabut digerak-gerakkeun lir jalma hirup ngajiga-jiga nu keur bingung, keur sedih, gumbira, ambek jeung sajabana.
MA SALMUN dina bukuna judul : “PADALANGAN” netelakeun kieu : “Saparipolah wayang téh kudu dijiga-jiga, disusurup kana semu, diudagkeun  kana  wanda,  sing  pantés sing ninggang ulah  sulaya  tina  ringkang”. Menengna nu ayem, nepi ka rikat trangginasna nu perang kudu lir jalma hirup. Harempoyna nu mando, cedokna nu nyembah, langgeorna nu keupat, gidigna nu rusuh, cileungna nu sieun jeung berebetna nu lumpat porongosna nu ambek kudu nyeplés kitu deui dina ngigelkeunnana.
Naon anu diterangkeun ku MA  SALMUN téh ku sabab wayang golek miboga kaserbagunaan téa, bisa digerak-gerakkeun lir jalma hirup.
Lian ti éta dina ngawayang téh masih aya kénéh syarat-syarat lianna saperti : Amardawalagu, Amardibasa, Antawacana, Éngés.
Ari Amardawalagu nyaéta dalang kudu paham kana laras surupan gambelan sangkan dina ngahaleuangkeun kakawén, nyandra, renggan, sendon luyu jeung surupan gambelan.
Amardibasa nyaéta undak usuk lemes kasarna basa kudu merenah nerapkeunnana, nurutkeun kapangkatan, saluhuren sahandapeun, lian ti éta dialog kudu ngeusi ngandung harti.
Antawacana nyaéta ngabéda-béda sora, lentong jeung pok-pokannana tokoh wayang luyu jeung karakter masing-masing.
Éngés hartina ngajiwaan adegan nu digelar, ngahudang rasa panongton ku rupa-rupa kajadian saperti : pikasediheun, tresna, narik birahi jeung sajabana. Banyol lucu heureuyna, ngandung harti tur merenah dina tempatna. Satuluyna, tata wayang kudu merenah nurutkeun tingkatan kapangkatan, saluhureun sahandapeun. Ogé nyabut wayang ulah dapon tapi kudu tartib rapih. Kitu deui papakean ulah orowodol tapi kudu pantes luyu jeung kaayaan medan pesta.
Asa teu salah-salah teuing lamun tugas Dalang disebut “IBADAH” keur jalma réa. Ti mimiti diuk nyanghareupan jagat khayal, dirina  geus mimiti ngamalkeun élmu jeung seni anugrah nu Maha Suci nyaéta seni  padalangan.
Dina ngamalkeun élmu jeung seni téh dalang nyaritakeun perilaku hirup nu hadé jeung nu goréng, bener jeung nu salah sarta nangtukeun hukum sabab jeung akibatna. Hal ieu digambarkeun ku tokoh-tokoh wayang  nu  jadi  pelakuna.
Salian ti éta dalang ogé méré kani’matan, kaendahan jeung kagumbiraan ku basa jeung sastrana, tembang kakawén, ibing wayang, jeung luluconna. Malah sakapeung dalang mawa panongton kana suasana  nu  pikasediheun.
Dalang nu arif bijaksana sarta miboga élmu pangaweruh nu cukup, lega ambahanana boh kalahiran atawa kabatinan, tara kendat ngedalkeun ajaran-ajaran falsafah hirup, étika (adat, peradaban) jeung moral (sopan santun, kasusilaan) anu kukituna pagelaran wayang  téh  miboga daya tarik, berbobot aya hikmahna keur nu lalajo. Dalang ogé méré hiburan ku lalaguan jeung bodor panakawan. Ieu ngandung harti tugas dalang téh teu béda ti ngajalankeun ibadah  pikeun  jalma  réa.

*****

Orientasi wayang téh panongton. Antara wayang (dalang)  jeung  panongton aya hubungan batin saling pikabutuh. Wayang butuh dukungan panongton, panongton  butuh  ku  rasa puas kana  obyek  anu  ditongtonna.
Pikeun nyumponan kabutuh éta, dalang kudu mampu ngahudang emosi nu nongton dina rupa-rupa kondisi saperti, rasa sedih, prihatin, bingung, gumbira, keuheul, kesel malah pikasebeleun kujalan ngagunakeun sistim komunikasi “EMPATY”. Empaty dina istilah padalangan saharti jeung renggep nyaéta, garapanana teu ngabosenkeun, dialog wayangna narik tur ngeusi, ibing  jeung tehnik merangkeun kataji, ngabodorna lucu jeung sajabana.
Akhirna muga-muga wayang golek, ayeuna jeung kahareupna baris tetep miboga harti anu penting pikeun sarana hiburan jeung ngandung hikmah anu hadé pikeun kamaslahatan hirup jeung huripna masyarakat, sarta baris dipicinta ku anak incu urang di abad milinéa nu baris datang. Amiin.
Sakitu, anu kapihatur, mudah-mudahan pedaran ieu ageung mangfaatna terutami kanggo para generasi muda anu bakal jadi ahli waris neraskeun bangsa jeung nagara urang, khususna pikeun neruskeun jeung ngamumulé seni budaya Sunda sangkan tiasa nanjeur salalawasna. Ogé dibewarakeun  ka sakumna mitra Warta Sunda Onliné anu resep ngadamel seratan mangrupi carita atanapi artikel saé dikintunkeun  waé ka alamat redaksi. Bobot sapanon carang sapakan urang tunda dihandeuleum sieum geusan sampeureun, tunda di hanjuang siang geusan alaeun.*** CAG

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Panineungan Ki Engkos Kosasih Barnas Somantri (Alm) - Dalang Kahot"

Posting Komentar