WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Sekda Purwakarta Sampaikan Penjelasan Bupati tentang RPJPD 2025-2045 pada Rapat Paripurna Tingkat I DPRD

Sekretaris Daerah Purwakarta nepikeun katerangan Bupati ngeunaan RPJPD 2025-2045 dina Rapat Paripurna DPRD Tingkat I. PURWAKARTA...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

CONTO KARAKTER Ku : Kang Mamat


Ilustrasi Conto Karakter.*

K
apribadian jelema bisa ditingali tina kumaha cara manéhna ngadahar tahu, dipedar di handap ieu:

1. *KONSERVATIF* : am dahar tahu, terus ngégél céngék.

2. *PROGRÉSIF* : Ngégél céngék heula, terus ngahuapkeun tahu

3. *SPÉKULATIF* : Manggih céngék terus digayem, da susuganan bakal manggih tahu

4. *IMAJINATIF* : Can gé dahar tahu jeung céngék, geus seuhah jiga nu lada

5. *OPTIMIS* : Ngarasa yakin bakal aya nu méré tahu, matakna ngaheulakeun ngagayem céngék

6. *NÉKAD* : Ngagayem céngék 20 siki bari teu jeung ngadahar tahu

7. *ITUNGAN* : Méméh am dahar, ngitung heula jumlah tahu kudu kelipatan 2 jeung jumlah céngék

8. *OPORTUNIS* : Mamawa céngék bari ngadeukeutan tukang tahu , sugan jeung sugan dibéré tahu haratis

9. *DRAMATISIR*: Tas dahar tahu céngékna loba teuing, terus cirambay bari ngésot ngadeukeutan dispénser

10. *SOMBONG*: Méméh am, nyarita ka saréréa "Tempo yeuh, kuring rék dahar tahu jeung céngék!"

11. *KAPITALIS* : Manggih céngék langsung dipelakeun, sugan geus buahan bisa dijual, hasilna keur meuli tahu

12. *FANATIK* : Lamun nempo batur dahar tahuna béda, sok langsung ngambek

13. *KRITIS* : Saméméh am, sok nanya "Kunaon lamun dahar tahu kudu jeung céngék? Naha teu bisa ngadaharna jeung Rhemason? Panan sarua panasna?

14. *PERFECSIONIS*: Samemeh tahu jeung cengek dihuapkeun, dikumbah heula ku lisol atawa alkohol.........mabok.

15. *MÉLANKOLIS* : Rék am dahar tahu, kadupak batur, tahuna ragrag, terus ceurik bari nyanyi " Betapa Malang nasibku".. semenjak ditinggal tahu... *

16. *KEKINIAN*
Barang dahar Tahu jeung Cengek trus diaplod di yutub.

17. *LEBAY*
Barang dahar Tahu jeung cengek bari Salto...trus ngagoler...!

Wilujeng tuang peuyeum kasadayana.***

Subscribe to receive free email updates: