BPWC – PJB Nutup Jalan Jalur Bendungan Cirata

BPWC – PJB
Nutup Jalan Jalur Bendungan
Cirata
Warta Sunda Onliné,
T
|
aun 2018 ngan ukur sababaraha jam deui ahir. Keur pihak Badan
Pengelola Waduk Cirata (BPWC) dina tutup taun mah sok mindeng ngabewarakeun
ngeunaan STERIL JALAN BENDUNGAN CIRATA.
Peng-sterilan jalan bendungan
Cirata téh, dina raraga tertib administrasi. Saperti halna nu baris
dilaksanakeun ping 31 Desember 2018. Kitu ceuk salah saurang petugas (security
PJB) nu aya di Pintu Cilangkap Désa Cadassari Kecamatan Tegalwaru Kabupatén
Purwaarta, Erwin (28/12).
Sapertos tembong dina gambar
Lain deui nu kasauran Petugas
PJB (Seurity) Pintu Palumbon Maniis, Abdulrohman jeung Dikdik, yén sterilna
jalan lintsan bendungan Cirata téh dina taun 2009/2010 kungsi ngalaman macet
salil dua jam, lantaran membludakna para pengujung nu ngadon hayang ningali
waduk Cirata jeung pemandangan sabudeureun. Antukna tilu titik di panto gerbang
jalan lintasan Cilangkap Tegalwaru - Purwakarta, panto panto gerbang jalan lintasan
BPWC Cipeundeuy Bandung Barat jeung panto gerbang jalan lintasan Palumbon
Maniis – Purwakarta, para pengunjung teu bisa kaditu kadieu, poma deui mobil
pengangkut lauk nu ka Jakarta keun teu bisa liwat.
Ku kituna kiwari tarékah pihak
BPWC jeung PJB Cirata dina upayana nutup jalan gan ukur 2 jam atawa ti mimiti
jam 23.30 – 00.30 WIB dibuka deui jalan jalur bendungan Cirata.*** (Life
Rifort_Anto Sukanto)

0 Response to "BPWC – PJB Nutup Jalan Jalur Bendungan Cirata"
Posting Komentar