WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

WARTA TI TK


Ceuk Ketua IJTKI Cabang Purwakarta, Léli Nurlaéli, S.Pd
Guru jeung Kasek TK
RATUSAN Guru sinareng Kepala TK sa-Kabupatén Purwakarta tumplek di Gédong Linuhung (Dinas Pendidikan) Kabupatén Purwakarta (13/10), pikeun nampi wejangan ti Ketua Ikatan Guru Taman Kanak-kanak Indonésia (IGTKI) Cabang Purwakarta.
Hasil gawé bareng jeung Kepala Sekolah, pihakna sok mindeng ngalaksanakeun saniskara kagiatan, saperti halna di kantor Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta diayakeun Workshop Guru nu tujuanna pikeun nambahan kualitas kaprofesionalan guru dina ngatik jeung ngadidik parapeserta didik.
“Bilih guru sareng kepala sekolah ngarumaoskeun dina ngatik jeung ngadidik barudak monoton, pihakna ngulem nara sumber nu kompeten kana widang seni pikeun masihan élmu pangaweruh,” ceuk Léli Nurlaéli, S.Pd, Ketua IGTKI Kabupatén Purwakarta.
“Katingalna 213 urang pamilon antusias dina narima materi nu ditepikeun ku nara sumber. Malah ngarasa reueus ku kakompakan antara guru sareng kepala TK,” pokna.
Lian ti éta, waktu ngalumangsungkeun manasik haji ping 30 Oktober 2018 pamilonna ti umur 4-5 di unggal satuan pendidikan TK.***
Anto
Keterangan poto :
Ti kénca Léli Nurlaéli, S.Pd nu nyepeng mik, keur uar pangajak ka guru sareng kepala TK.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI TK"

Posting Komentar