Konker I PGRI Cabang Sukatani, Nguatkeun Persatuan Guru pikeun Ngawujudkeun “Guru Bersatu, PGRI Maju, Pendidikan Bermutu”
Konker I PGRI Cabang Sukatani, Nguatkeun Persatuan Guru pikeun Ngawujudkeun “Guru Bersatu, PGRI Maju, Pendidikan Bermutu”
PURWAKARTA — Warta Sunda Online,-Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI) Cabang Sukatani ngayakeun Konferensi Kerja (Konker) I di SDN 1 Cianting Utara, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta, Kemis (8/10/2026). Kagiatan anu ngusung téma “Guru Bersatu, PGRI Maju, Pendidikan Bermutu” ieu jadi salasahiji tarékah pikeun nguatkeun organisasi jeung ngaronjatkeun kualitas pendidikan.
Pupuhu panitia, Eman S., S.Pd., anu ogé Kepala SDN 3 Cianting jeung Ketua Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) Kecamatan Sukatani, nétélakeun yén Konker I dihadiran ku kurang leuwih 70 pamilon wawakil ti tujuh ranting PGRI. Pamilon ngawengku guru TK, SD/MI, SMP/MTs, nepi ka SMA/SMK.
Pupuhu PGRI Cabang Sukatani, Eef Saepudin, S.Pd., dina biantarana nétélakeun yén Konker I mangrupa bagian tina mékanisme organisasi luyu jeung Anggaran Dasar jeung Anggaran Rumah Tangga (AD/ART) PGRI. Sanajan kapengurusanana kakara lumangsung kurang leuwih sataun, konferensi kerja ieu jadi sarana pikeun ngaévaluasi program anu geus dilaksanakeun sarta nyusun rencana gawé ka hareup.
Numutkeun Eef, Konker I ogé jadi kasempetan pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi, nguatkeun solidaritas, sarta nyusun program anu méré mangpaat nyata pikeun anggota. Anjeunna miharep sakumna pangurus jeung anggota bisa gawé bareng pikeun ngarojong kamajuan guru jeung dunya pendidikan.
Dina widang sarana jeung prasarana, PGRI Cabang Sukatani geus miboga gedong sekretariat anu leuwih merenah jeung representatif. Gedong ieu dipiharep bisa dimangpaatkeun lain ngan saukur pikeun kaperluan administrasi, tapi ogé minangka puseur kagiatan organisasi, tempat silih tukeur pamanggih, sarta sarana pikeun ngaronjatkeun profesionalisme guru.
Samentara éta, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Sadiyah, S.Pd., M.Pd., anu hadir ngawakilan Ketua PD II PGRI, ngébréhkeun rasa bungah jeung pangajén kana lumangsungna Konker I PGRI Cabang Sukatani.
Ngaliwatan kagiatan ieu, PGRI Cabang Sukatani dipiharep beuki solid, mampuh ngalaksanakeun program organisasi kalawan hadé, sarta méré kontribusi nyata pikeun ngaronjatkeun mutu pendidikan di Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta.
Téma “Guru Bersatu, PGRI Maju, Pendidikan Bermutu” dipiharep henteu ngan saukur jadi slogan, tapi diwujudkeun dina gawé nyata jeung komitmen babarengan pikeun ngawangun organisasi anu kuat, guru anu profésional, sarta pendidikan anu bermutu.***


Komentar