Siswa SDN Sempur Plered Juara Kahiji Maca jeung Nulis Aksara Sunda FTBI Purwakarta, Azqilla Siap Ngabagéakeun Tingkat Provinsi
Siswa SDN Sempur Plered Juara Kahiji Maca jeung Nulis Aksara Sunda FTBI Purwakarta, Azqilla Siap Ngabagéakeun Tingkat Provinsi
PURWAKARTA, Warta Sunda Online – Prestasi anu matak reueus nu diukir ku dunya atikan di Kabupatén Purwakarta. Ayeuna, kabar pikabungaheun datang ti Azqilla Diani Putri, siswi kelas VI SD Negeri Sempur, Kacamatan Plered, anu hasil nyangking prestasi dina pasanggiri kalayan meunang Juara Kahiji dina cabang lomba Maca jeung Nulis Aksara Sunda dina acara Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) Tingkat Kabupatén Purwakarta.
Prestasi éta sakaligus nganteurkeun siswi Sempur nyatana neng Qilla pikeun jadi wawakil Kabupatén Purwakarta dina pasanggiri FTBI Tingkat Provinsi Jawa Barat anu rencanana baris dilaksanakeun di Kota Bogor.
Kasuksésan Qilla tangtu jadi kabagjaan jeung kabanggaan pikeun kulawarga SDN Sempur. Ngaliwatan kamampuhna maca jeung nulis Aksara Sunda, Qilla geus bisa ngabuktikeun yén generasi ngora masih miboga sumanget pikeun mikawanoh, mikacinta, jeung ngamumulé warisan budaya daérah.
Nalika Tim Warta Sunda Online nganjang ka SDN Sempur, Kepala Sakola Elih Mintarsir, S.Pd., SD., keur ngalaksanakeun kagiatan séjén. Sanajan kitu, pihak sakola ngawakilan dua guru, nyaéta Lilih Nurmilah, S.Pd., M.Pd., jeung Yanyan Heryanti, M.Pd., pikeun nepikeun katerangan ngeunaan prestasi muridna éta.
"Qilla jadi wawakil Kabupatén Purwakarta pikeun tanding di tingkat Provinsi Jawa Barat sanggeus hasil meunang Juara Kahiji dina lomba Maca jeung Nulis Aksara Sunda FTBI tingkat kabupatén," ceuk duanana.
Di balik kasuksésan éta, tangtu aya prosés latihan jeung perjuangan anu henteu gampang. Salah sahiji tangtangan anu kungsi disanghareupan ku Qilla nyaéta nalika kudu nulis Aksara Sunda dina posisi déngdék. Sanajan kungsi ngarasa hésé, éta kaayaan henteu ngajadikeun dirina nyerah. Sabalikna, Qilla malah beuki sumanget pikeun diajar jeung terus ngasah kamampuhna.
Dina bimbingan Santi Virgianti, S.Pd., sarta pangaping ti Lilih Nurmilah, S.Pd., M.Pd., Qilla ngalaksanakeun latihan maca jeung nulis Aksara Sunda nepi ka ahirna mampuh ngahontal hasil anu panghadéna.
Anu matak pikaresepeun, kaikutsertaan Qilla dina cabang lomba Maca jeung Nulis Aksara Sunda dina FTBI tingkat kabupatén téh mangrupa pangalaman kahijina. Saméméh tampil di tingkat kabupatén, manéhna kudu ngaliwatan heula pasanggiri jeung pamilon ti rupa-rupa sakola di wilayah Kacamatan Plered.
Pihak sakola miharep, hasil anu kahontal di tingkat kabupatén bisa jadi léngkah awal pikeun Qilla sangkan bisa némbongkeun deui kamampuh panghadéna dina pasanggiri tingkat Provinsi Jawa Barat.
"Juara mah bonus. Nu pangpentingna nyaéta poténsi jeung kamampuh barudak terus mekar. Kami miharep Qilla bisa asup tilu gedé di tingkat Provinsi Jawa Barat," ceuk pihak sakola.
Henteu ngan ukur miboga kamampuh dina widang basa jeung budaya Sunda, Qilla ogé dipikawanoh minangka siswi anu miboga préstasi dina widang akademik. Ti mimiti kelas I nepi ka kelas VI, manéhna kacatet konsistén mertahankeun rengking kahiji di kelasna.
Di tengah rupa-rupa préstasi anu geus kahontal, Qilla ogé miboga cita-cita hayang jadi dokter. Sumanget diajar anu dipintonkeun ku dirina jadi gambaran yén kanyaah kana budaya daérah bisa sajalan jeung usaha ngahontal préstasi akademik sarta ngudag cita-cita pikeun mangsa nu bakal datang.
Préstasi Qilla lain saukur jadi kabanggaan pikeun kulawarga gedé SDN Sempur, tapi ogé jadi kabanggaan masarakat Kabupatén Purwakarta. Kasuksésanana mawa ngaran daérah ka tingkat provinsi jadi bukti yén ngamumulé budaya Sunda bisa dimimitian ti lingkungan atikan dasar.
Ngaliwatan Festival Tunas Bahasa Ibu, para peserta didik henteu ngan saukur dibéré kasempetan pikeun pasanggiri, tapi ogé diajak sangkan leuwih wanoh, paham, jeung mikacinta kana basa katut aksara daérah minangka warisan budaya karuhun.
Léngkah Azqilla Diani Putri jadi salah sahiji bukti yén generasi ngora bisa tumuwuh jadi generasi anu miboga préstasi tanpa mopohokeun kana akar budayana sorangan.
Ayeuna, harepan jeung doa marengan léngkah Qilla pikeun nyanghareupan panggung FTBI Tingkat Provinsi Jawa Barat. Mugia Qilla bisa mintonkeun kamampuh panghadéna, ngahontal préstasi anu matak reueus, sakaligus jadi inspirasi pikeun murid-murid séjénna sangkan terus mikacinta jeung ngamumulé basa katut Aksara Sunda.
(Warta Sunda Online)




Komentar