Kolot Jeung Siswa Murid, Bungah Sakolana di Kasepan, Revitalisasi SDN 2 Cianting Utara

Kolot Jeung Siswa Murid, Bungah Sakolana di Kasepan, Revitalisasi SDN 2 Cianting Utara 



PURWAKARTA – Warta Sunda Online. 

Kolot Jeung siswa murid bungah ningali sakolana dikasepan ku Aya Program revitalisasi satuan pendidikan anu digulirkeun ku Kementerian Pendidikan Dasar dan Menengah (Kemendikdasmen) jadi salah sahiji tarékah pikeun ngaronjatkeun kualitas sarana jeung prasarana pendidikan. Di Kabupaten Purwakarta, salah sahiji sakola dasar anu narima bantuan revitalisasi taun 2026 nyaéta SDN 2 Cianting Utara, Kecamatan Sukatani. 

Pangwangunan Revitalisasi SDN 2 Cianting Utara Sukatani Purwakarta.*


Sakola éta meunang bantuan anggaran Rp853.661.376 pikeun ngarehabilitasi tilu rohangan kelas, perpustakaan, jeung rohangan Unit Kesehatan Sekolah (UKS). Palaksanaan pangwangunanana ngagunakeun pola swakelola ngaliwatan Panitia Pembangunan Satuan Pendidikan (P2SP), kalayan tetep ngindung kana aturan jeung pituduh téknis anu lumaku.

Kapala SDN 2 Cianting Utara, Hasan Basri, S.Pd., negeskeun yén pihakna boga komitmen pikeun mastikeun sakabéh tahapan revitalisasi lumangsung luyu jeung aturan anu geus ditetepkeun.

Papan Kegiatan Revitalisasi SDN 2 Cianting Utara Sukatani Purwakarta.*


“Urang bakal mastikeun palaksanaan revitalisasi di SDN 2 Cianting Utara lumangsung luyu jeung aturan, sabab diawasan langsung ku panitia jeung Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta,” saur Hasan Basri.

Ceuk anjeunna, program revitalisasi jadi kasempetan penting pikeun ngaronjatkeun kalayakan fasilitas sakola sangkan bisa ngarojong kalancaran prosés diajar-ngajar. Ku kituna, unggal tahapan pangwangunan kudu merhatikeun katangtuan anu geus ditetepkeun, sangkan hasilna luyu jeung kabutuhan sarta tujuan anu dipiharep.

Komite Sakola Milu Ngarojong Palaksanaan Program

Pangrojong kana program revitalisasi ogé ditepikeun ku Ketua Komite SDN 2 Cianting Utara, Tedi Ferdiansyah. Keterlibatan komite sakola dipiharep bisa nguatkeun komunikasi antara pihak sakola, kolot murid, jeung masarakat.

Dina palaksanaanana, komite sakola miboga kalungguhan minangka mitra sakola, di antarana méré tinimbangan, pangrojong, jeung ngalaksanakeun fungsi kontrol luyu jeung kawenanganana.

Sinergi antara pihak sakola jeung komite penting pikeun mastikeun yén program revitalisasi henteu ngan ukur museur kana pangwangunan fisik, tapi ogé méré mangpaat nyata pikeun kapentingan murid.

Komunikasi anu hadé jeung kolot murid katut masarakat ogé dipiharep bisa numuwuhkeun kapercayaan sarta ngadorong partisipasi dina ngarojong kamajuan sakola.

Kolot jeung Murid Sambut Bungah

Bantuan revitalisasi éta disambut hadé ku kolot murid. Endin, salah saurang kolot murid, ngaku bungah lantaran sakola tempat anakna diajar meunang bantuan pikeun ngaronjatkeun fasilitas pendidikan.

Manéhna miharep perbaikan sababaraha rohangan sakola bisa nyiptakeun lingkungan diajar anu leuwih merenah, nyaman, jeung ngarojong kalancaran kagiatan diajar-ngajar.

Rasa bungah ogé karasa ku Ajril, murid kelas 2 SDN 2 Cianting Utara. Ningali sakolana keur diwangun jeung dibebenah, Ajril miharep wangunan sakolana jadi leuwih alus sarta merenah pikeun diajar.

Pikeun barudak sakola, revitalisasi lain saukur ngomean wangunan, tapi ogé jadi harepan pikeun bisa diajar di lingkungan anu leuwih aman, beresih, jeung pikaresepeun..***

Komentar

Postingan Populer