NGAGUAR WANGSIT SILIWANGI KADUA PULUH
NGAGUAR WANGSIT SILIWANGI KADUA PULUH
Ku: Ki Acep Aan Wirasuta
“Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé bakal nyaho. Ayeuna, siar ku manéhna éta budak angon.”
Kabiasaan manusa téh sok hayang nyaho: saha? ti mana? kumaha? Tapi pikeun urang Sunda, lain ukur éta nu kudu ngeusian pikiran. Urang Sunda kuduna leuwih ti éta—kudu boga siasat ti mimiti, ngaléngkah ti ayeuna pikeun naratas Pajajaran anyar.
Saha nu bakal jadi pamingpin, ti mana asalna raja—éta mah lain hal utama. Nu penting nyaéta kumaha ngawujudkeun raharja jeung digjayana bangsa. Ku sabab kitu, Prabu Siliwangi ngantunkeun kecap: “engké ogé bakal nyaho.” Hartina, waktuna bakal datang. Tapi saméméh éta kajadian, urang kudu naratas jalan heula. Moal aya “catur rangga” lamun teu aya usaha nyata ti urang sorangan nepi ka hasil.
Ayeuna, pesenna jelas:
“Siar ku manéhna éta budak angon.”
Tapi, saha sabenerna anu disebut budak angon?
NU NGANGON KALAKAY
Nu dimaksud ngangon kalakay nyaéta jalma-jalma anu jembar élmuna, loba nyerat, jeung nyumbang kana kamajuan bangsa ngaliwatan élmu pangaweruh. Dina jaman baheula, kalakay dipaké pikeun nulis sastra jeung élmu. Kiwari, éta ngajanggélék jadi kertas jeung buku.
Ku kituna, budak angon dina harti ieu nyaéta para intelektual: doktor, profesor, jeung ahli dina rupa-rupa widang élmu anu geus asak pangaweruhna.
Kumaha cara ngalahirkeun maranéhna? Tangtu ku ngabenerkeun dunya atikan.
Lamun sistem atikan ukur ngudag angka kalulusan 100%, tanpa ngadorong murid mikir jero jeung diajar saéstuna, moal lahir generasi anu unggul. Murid jadi teu boga motivasi, sabab teu diajar ogé bakal lulus.
Ku sabab éta, dunya atikan kudu dibenerkeun sangkan bener-bener bisa “ngaminterkeun” generasi. Generasi anu sanggup ngolah bangsa sacara mandiri, teu gumantung kana élmu jeung téknologi asing.
Tegesna, kudu aya sistem pendidikan Pajajaran anyar—saperti anu geus kagambar dina carita Sateia Piningit jeung Panjiwulung. Sistem ieu nekenkeun kasaimbangan antara élmu, moral, jeung budaya, sakumaha anu dijelaskeun dina ajaran Astra Brata, hususna dina widang étika nurutkeun budaya Sunda.
NU NGANGON TUTUNGGUL
Sedengkeun ngangon tutunggul ngandung harti jalma-jalma anu nalungtik warisan baheula jeung ngamekarkeunana jadi kakuatan kiwari.
Ieu bisa ngawengku:
ahli arkéologi anu nalungtik prasasti, candi, jeung sajarah Pajajaran,
ahli téknologi anu ngarobah téori jadi inovasi anu mangpaat pikeun kahirupan,
praktisi élmu pangaweruh (IPTEK) anu ngawangun kamajuan nyata.
Ku kituna, budak angon ogé nyaéta para praktisi anu ngahijikeun élmu jeung prakna.
Maranehna kudu “disiar”, hartina kudu dididik jeung dicitak ku sistem pendidikan anu hadé, sangkan lahir ahli-ahli anu boga jiwa Sunda.
Jalan ka Pajajaran Anyar
Urang Sunda kudu bisa ngawujudkeun budak angon, nyaéta generasi anu kuat dina élmu pangaweruh jeung téknologi. Ieu jadi pondasi pikeun ngawangun Pajajaran anyar.
Tapi kudu dipikaharti, Pajajaran anyar lain hartina ngadegkeun nagara dina nagara. Anu dimaksud nyaéta ngahirupkeun deui martabat bangsa Sunda, ngaliwatan:
ajén-inajén budaya,
pikukuh jeung pitutur karuhun,
moral jeung étika anu pageuh,
sarta sumanget diajar dina kontéks jaman kiwari.
Lamun urang Sunda masih kénéh gumantung kana hal-hal ghaib jeung klenik, mangka Pajajaran bakal tetep aya dina alam imajinasi, moal jadi kanyataan dina kahirupan nyata.
Ku sabab éta, waktuna urang ngaléngkah.
Henteu ngan ukur ngantosan—tapi nyiptakeun jalan.
Panulis:
Acep Aan, S.Ag.
Keluarga Besar Rd. Ali Santana Sukapura
Cisayong, Tasikmalaya
(Salareuma Lewi Bodas Tutugan Galunggung)
April 2026

0 Response to "NGAGUAR WANGSIT SILIWANGI KADUA PULUH"
Posting Komentar