WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Jembatan Gantung Nagrog–Bojongsari di Tasikmalaya Kritis, Perbaikan Kudu Gancang Dilaksanakeun

TASIKMALAYA – Warta Sunda Online,- Kaayaan Jembatan Gantung Siliwangi 7 nu ngahubungkeun Desa Nagrog, Kecamatan Cipatujah, jeung...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Sekar Kawinayan sareng Padepokan Seni Wayang Golek Cupu Pawenang Gelar Silaturahmi Kakawihan di Sukatani Purwakarta

PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Dina raraga ngaraketkeun tali silaturahmi sarta ngamumulé seni tradisional Sunda, Pangauban Kawih Sunda “Sekar Kawinayaan” rukun gawé sareng Sanggar Seni Cupu Pawenang ngayakeun kagiatan kakawihan. 

Acara ieu lumangsung dina dinten Saptu, 4 April 2026, ti tabuh 09.00 dugi ka 14.30 WIB, bertempat di bumina Kang Ujang Dalang Taryana Amung Sutarya, anu perenahna di Jalan Raya Cianting RT 13 RW 04, Desa Sukatani, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta, pas payuneun Perum Griya Mas Cianting.
Kagiatan ieu henteu ngan saukur hiburan, tapi ogé janten ajang pikeun ngaraketkeun duduluran antar anggota pangauban sareng warga sakitar, bari tetep ngajaga jeung ngamumulé kasenian kakawihan Sunda anu jadi warisan budaya.

Panitia ngahaturkeun rewu-rewu nu ka sadaya undangan tos tiasa nyalsékeunbsareng nyisihkeun waktosna pikeun hadir dina ieu acara. Kalayan suasana anu pinuh ku kabagjaan sareng kakawihan, diharepkeun acara ieu tiasa janten momen silaturahmi anu bermakna.

Kalayan semangat kabersamaan, acara ieu dipiharep tiasa nambahan kabeungharan budaya lokal sarta nguatkeun rasa silih pikanyaah di tengah masarakat.
Nu hadir dina éta kagiatan téh, uwa Koyawan, bah H. Deden Guntari, Cécép guru SMAN 1 Purwakarta, H. Adé Suryadin (pupuhu Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayaan), Deni Selud, mamah Hj. Onih, Ujang Tarompet, Ikun Kendang, Adé Goong. 

(Redaksi WSO)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sekar Kawinayan sareng Padepokan Seni Wayang Golek Cupu Pawenang Gelar Silaturahmi Kakawihan di Sukatani Purwakarta"

Posting Komentar