WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Meski Kantongi SLHS, SPPG Cikopo 1 Disorot karena Tak Miliki IPAL

Sanajan Boga SLHS, SPPG Cikopo 1 Disorot Lantaran Teu Boga IPAL (Meski Kantongi SLHS, SPPG Cikopo 1 Disorot karena Tak Miliki IPAL)  ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Meski Kantongi SLHS, SPPG Cikopo 1 Disorot karena Tak Miliki IPAL



Sanajan Boga SLHS, SPPG Cikopo 1 Disorot Lantaran Teu Boga IPAL
(Meski Kantongi SLHS, SPPG Cikopo 1 Disorot karena Tak Miliki IPAL) 
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Asup kana poé kadua monitoring, Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Purwakarta manggihan yén masih aya Satuan Pelayanan Pemenuhan Gizi (SPPG) nu can nyumponan standar pangelolaan limbah cair nurutkeun Kepmen LH No. 2760 Taun 2025. Salah sahiji nu jadi sorotan nyaéta SPPG Cikopo 1 anu can boga Instalasi Pengolahan Air Limbah (IPAL), sanajan geus miboga dokumén SLHS jeung karek dibangun IPAL saperti témbong dina gambar. 
Dina monitoring ieu, DLH museurkeun paniténanana kana patuhna unggal SPPG kana aturan anu kacatet dina Kepmen LH No. 2760 Taun 2025. Dina éta aturan ditegaskan yén unggal unit SPPG wajib miboga sistem pangolahan limbah anu mampuh nampung jeung ngolah debit limbah saluyu jeung kapasitas layananana, sarta hasil olahanana kudu nyumponan baku mutu saméméh dibuang ka lingkungan.

Sanajan kitu, tina hasil paniténan di lapangan, masih kapanggih sababaraha SPPG anu can sapinuhna nyumponan katangtuan éta. Salah sahiji nu jadi perhatian nyaéta kurangna pamisahan limbah, hususna tina sésa kadaharan jeung minyak, anu sabenerna teu meunang diasupkeun kana Instalasi Pengolahan Air Limbah (IPAL).

“Laela,” salah sahiji tim DLH Purwakarta, nyebutkeun yén pamisahan limbah téh kacida pentingna pikeun ngajaga kinerja IPAL sangkan tetep optimal. “Sisa makanan jeung minyak ulah nepi ka asup ka IPAL, sabab bisa ngaganggu prosés pangolahan limbah,” pokna, Rebo (1/4/2026).

Salian ti éta, hasil monitoring di SPPG Cikopo 1 nunjukkeun yén éta unit can masang IPAL. Padahal, sanajan geus miboga dokumén SLHS (Surat Laik Higiene Sanitasi), ayana IPAL tetep jadi sarat utama dina pangelolaan limbah cair.

DLH nekenkeun yén IPAL jeung SLHS miboga fungsi anu béda tapi silih lengkepan. IPAL mangrupa sistem téknis pikeun ngolah limbah cair sangkan teu ngotoran lingkungan, sedengkeun SLHS mangrupa bukti administrasi yén hiji fasilitas geus nyumponan standar kabersihan jeung sanitasi.

Ku kituna, DLH ngaharepkeun sakabéh SPPG di wilayah Purwakarta bisa gancang ngalengkepan sarana IPAL sarta ningkatkeun disiplin dina pamisahan limbah, sangkan teu ngan ukur nyumponan aturan, tapi ogé ngajaga kaséhatan lingkungan jeung masarakat.

Ngaliwatan monitoring anu dilaksanakeun sacara bertahap ieu, DLH Purwakarta boga komitmen pikeun terus ngadorong unggal SPPG sangkan patuh kana aturan anu berlaku, demi ngajaga kualitas lingkungan anu leuwih hadé di mangsa nu bakal datang.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Meski Kantongi SLHS, SPPG Cikopo 1 Disorot karena Tak Miliki IPAL"

Posting Komentar