WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat

  53 Héktare Lahan di Gunung Anaga Purwakarta Disiapkeun Jadi Sentra Hortikultura Anyar di Jawa Barat PURWAKARTA –   WSO , Danrem 063/Sunan...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 1 Cilingga Koordinasi Pengembangan WC: Prioritaskeun Toilet Jongkok Demi Efektivitas & Ketepatan Anggaran

SDN 1 Cilingga Koordinasi Pengembangan WC: Prioritaskeun Toilet Jongkok Demi Efektivitas & Ketepatan Anggaran


PURWAKARTA – WSO,-

Pihak SDN 1 Cilingga Darangdan mastikeun yén rencana pengembangan fasilitas WC di lingkungan sakola parantos koordinasi langsung jeung pengawasan kabupatén, boh dina aspek teknis, standar kenyamanan, nepi ka kesesuaian sareng Rencana Anggaran Biaya (RAB).

Rencana ieu muncul minangka bagian tina upaya ningkatkeun kebersihan, kenyamanan, sarta keamanan fasilitas sanitasi pikeun murid.


Toilet Jongkok Lebih Disarankan

Dumasar hasil koordinasi, pilihan toilet jongkok janten alternatif utama. Ieu lantaran toilet jongkok dianggap langkung cocok jeung kondisi sakola, gampang perawatanna, sarta leuwih lila dibanding toilet duduk.

Pihak pengawasan kabupatén netelakeun yén toilet duduk biasana dipasang dina sakola anu gaduh murid berkebutuhan khusus. Upami teu aya murid disabilitas, toilet jongkok dipandang leuwih efektif.

“Di lingkungan sakola umum, toilet jongkok leuwih aman jeung minim risiko karuksakan. Perawatanna oge leuwih gampang pikeun guru sareng petugas kebersihan,” saur Pengawasan Kabupatén Purwakarta Bapa Ikhwan, nalika diwawancara ku Warta Sunda Onliné.


Pertimbangan Kebiasaan Masyarakat

Salian pertimbangan teknis, pihak sakola ogé ngaku memperhitungkan kebiasaan masyarakat lembur. Dina sababaraha kasus, penggunaan toilet duduk henteu selilana sesuai, malah sering dipaké cingogo di luhur toilet, anu berpotensi ngarusak fasilitas.

“Urang kampung mah masih akrabna sareng toilet jongkok. Lamun dipasang toilet duduk, sok aya nu teu biasa makéna. Akhirna malah gancang rusak,” ceuk salah saurang tenaga tata usaha.


Penyesuaian RAB: Selisih Anggaran Dialihkan Secara Resmi

Salah sahiji poin penting dina koordinasi nyaéta perubahan pada RAB. Toilet duduk miboga harga langkung mahal, janten upami diganti ku toilet jongkok, bakal aya selisih anggaran.

Pihak pengawasan kabupatén ngingetkeun yén selisih dana teu tiasa dianggurkeun, tapi kudu dialihkan ke pekerjaan lain liwat prosedur Change Contract Order (CCO), supados administrasi tetap bersih jeung henteu menimbulkan temuan.

“Upami aya selisih anggaran, sakola wajib nyusun catétan resmi CCO. Lamun teu dicatét, éta bisa jadi temuan audit. Ieu penting pisan dijaga,” tegas pengawasan kabupatén.


Kepala Sekolah Pastikan Proses Sesuai Aturan

Kepala SDN 1 Cilingga, Yahya Mimbar Hoerudin, M.Pd.I., ka Warta Sunda Onliné, via chatting WhatApp, poé Saptu soré, 22/11/2025, inyana mastikeun yén sadaya tahapan bakal ditempuh sasuai aturan.

Kami komit melaksanakan pengembangan WC sesuai RAB dan hasil koordinasi. Prinsip kami jelas: fasilitas harus bermanfaat bagi murid, anggaran kudu tepat guna, sareng administrasi kudu bersih,” tegas kapala sakola.

Dirina ogé nambahkeun yén prioritas utama nyaéta fasilitas anu awét, aman, sarta gampang dirawat ku petugas sakola.

Kalayan koordinasi anu cermat antara pihak sakola sareng pengawas, pengembangan WC di SDN 1 Cilingga dipiharep tiasa ningkatkeun kenyamanan murid bari tetep ngajaga akuntabilitas anggaran. Sakola nyebut siap melanjutkan proses pembangunan nalika seluruh kelengkapan administrasi rampung.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 1 Cilingga Koordinasi Pengembangan WC: Prioritaskeun Toilet Jongkok Demi Efektivitas & Ketepatan Anggaran"

Posting Komentar