Program Kerja Pangauban Kawih Sunda Purwakarta di Désa Citalang, Kab. Purwakarta
Program Kerja Pangauban Kawih Sunda Purwakarta di Désa Citalang, Kab. Purwakarta
PURWAKARTA - Grup Majalah Warta Sunda,-
Komunitas Pangauban Kawih Sunda Purwakarta nu aya di Désa Citalang, Kabupatén Purwakarta, ngaguar sababaraha program kerja pikeun ngaraketkeun deui budaya jeung kasenian Sunda di masarakat.
Saur pupuhu Pangauban Kawih Sunda Purwakarta, H. Adé Suryadin, S.Pd, M.Pd., yén Program ieu dirarancang pikeun nyangking sumanget kabudayaan ka generasi ngora ogé ngajaga warisan karuhun.
Rincian Program Kerja:
Latihan rutin kawih Sunda unggal Saptu di Balé Desa Citalang.
Pentas Seni Budaya sabulan sakali pikeun ngawanohkeun kawih Sunda ka warga, hususna barudak sakola.
Pangajaran kawih keur murangkalih dina bentuk sanggar seni, ngarah generasi ngora resep kana kasenian sorangan.
Kolaborasi jeung sanggar seni séjén di Purwakarta pikeun ngaronjatkeun kreativitas jeung babarengan ngamumule budaya.
Ngiringan festival seni boh di tingkat kecamatan, kabupatén, nepi ka propinsi.
Dokumentasi jeung publikasi kagiatan dina média sosial pikeun nyebarkeun informasi jeung ngajak masarakat leuwih deukeut kana seni Sunda.
Ku ayana program ieu, Pangauban Kawih Sunda Purwakarta miharep bisa jadi wadah pikeun ngamekarkeun bakat, ngajaga budaya, jeung jadi rohangan silaturahmi warga.***
0 Response to "Program Kerja Pangauban Kawih Sunda Purwakarta di Désa Citalang, Kab. Purwakarta"
Posting Komentar