WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 1 Taringgul Tonggoh Nyaba ka Purnawarman Ngiring Aub Lomba Oltrad Tingkat Kabupatén


SDN 1 Taringgul Tonggoh Nyaba ka Purnawarman Ngiring Aub Lomba Oltrad Tingkat Kabupatén

WANAYASA - Grup Majalah Warta Sunda,-
Dina raraga ngajaga jeung ngalestarikeun budaya Sunda, Pamaréntah Kabupatén ngayakeun Lomba Olahraga Tradisional Sunda Tingkat Kabupatén taun 2025 ieu. Kagiatan dilaksanakeun di Lapang Purnawarman Kabupatén Purwakarta, poé Kemis, ping 21 Agustus 2025.

Para pamilon Oltrad Dagongan Tingkat Kabupatén Purwakarta. *


Saperti halna perwakilan sakola Kecamatan Wanayasa ngiring jabung tumalapuk di tingkat Kabupatén Purwakarta. Kitu nu kasauran Kepala SDN 1 Taringgul Tonggoh, Endang Mulyana, S.Pd, SD., ka Grup Majalah Warta Sunda.

Pihakna ngirim patandang pikeun tanding makalangan cabang olahraga tradisional, pikeun ngukur kamampuhan barudakna. Eleh meunang sanés nu jadi udagan, nanging keur barudak ngarah apal ka dayeuh, étang-étang jalan-jalan ngasuh barudak.

Kajaba ti éta, aya Kecamatan Wanayasa wawakil cabang olahraga tradisional dagongan.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku rédaksi yén tim pamilon Oltrad SDN 1 Taringgul Tonggoh ngawengku dihandap ieu:

1. Pembimbing : Dea Aditia
2. Nama2 siswa :
     1. Kiki kurniawan
     2. Fahmi hasan
     3. Muhamad Halif rojabi
     4. Agil Muhamad Padlan
     5. Padlan Alif
     6. Muhammad Zidan.


Cabang yang diikuti sebagai perwakilan Kecamatan Wanayasa : Dagongan. ***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 1 Taringgul Tonggoh Nyaba ka Purnawarman Ngiring Aub Lomba Oltrad Tingkat Kabupatén"

Posting Komentar