WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

KPH Purwakarta Gandeng PWI Sinergitas Ngabahas Ngamumule Leuweung Produksi

KPH Purwakarta Gandeng PWI Sinergitas Ngabahas Ngamumule Leuweung Produksi PURWAKARTA - Warta Sunda Online,- Sinergitas antara Perum Perhuta...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

KPH Purwakarta Gandeng PWI Sinergitas Ngabahas Ngamumule Leuweung Produksi


KPH Purwakarta Gandeng PWI Sinergitas Ngabahas Ngamumule Leuweung Produksi


PURWAKARTA - Warta Sunda Online,-

Sinergitas antara Perum Perhutani Kesatuan Pemangkuan Hutan (KPH) Purwakarta jeung Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Purwakarta terus nguatan diskusi strategis ngeunaan pangelolaan kawasan leuweung. Fokus pembahasan ngawengku lahan lindung jeung leuweung produksi di wewengkon kerja KPH anu nyakup Purwakarta, Subang, jeung Karawang.

Dina pasamoan éta, pihak KPH nekenkeun pentingna transparansi jeung edukasi ka masarakat, salah sahijina ngeunaan instrumen penting nyaéta dokumén resmi anu jadi pedoman utama dina ngatur sumber daya leuweung sacara lestari.

Wakil Administratur KPH Purwakarta, Mulyana Kurniawan, S.Hut sareng Sekretaris PWI, Ade Jo.* Doc_Anto Sukanto

Wakil Administratur KPH Purwakarta, Mulyana Kurniawan, S.Hut, ngajelaskeun yén buku perencanaan kehutanan ngamuat rupa-rupa aspek strategis. Di antarana rencana jangka pondok, menengah, jeung panjang, data potensi sumber daya leuweung, pembagian zonasi kawasan, nepi ka program pemanfaatan jeung pelestarian leuweung.

“Dokumén ieu jadi acuan pikeun ngajaga kasaimbangan antara kapentingan ékonomi jeung kelestarian lingkungan,” pokna, Kemis (23/4/2026).

Sababaraha conto dokumén perencanaan anu biasa dipaké nyaéta Rencana Pengelolaan Hutan Jangka Panjang (RPHJP), RPHJPD, RKUPHHK, ogé Rencana Kerja Tahunan (RKT) salaku turunan operasional di lapangan.

Dina prak-prakanana, pangelolaan buku perencanaan kehutanan ngalibetkeun loba pihak. Pamaréntah pusat ngaliwatan Kementerian Lingkungan Hidup dan Kehutanan miboga peran dina nyusun kawijakan nasional jeung pedoman perencanaan. Sedengkeun di tingkat daérah, Dinas Kehutanan Provinsi nyaluyukeun perencanaan jeung kaayaan wilayah masing-masing.

Kapala Administratur KPH Purwakarta, Cecep Suryaman, S.Hut, sareng Ketua PWI Purwakarta, Adi Kurniawan Tarigan.* Doc_Anto Sukanto

Kapala Administratur KPH Purwakarta, Cecep Suryaman, S.Hut, nambahan yén KPH jadi ujung tombak dina nyusun dokumén anu dumasar kana kondisi lapangan. Sajaba ti éta, pausahaan anu nyekel izin usaha kehutanan ogé wajib nyusun dokumén saperti RKUPHHK jeung RKT salaku tanggung jawab pangelolaan leuweung produksi.

Teu éléh pentingna, kalibetna masarakat ogé jadi bagian tina sistem ieu. Ngaliwatan skéma perhutanan sosial, Kelompok Tani Hutan (KTH), Lembaga Masyarakat Desa Hutan (LMDH), nepi ka koperasi, milu nyusun rencana kerja berbasis masarakat.

Rengrengan Pihak KPH Purwakarta Poto bareng Pengurus & Anggota PWI Purwakarta.* Doc_Anto Sukanto

Adapun tugas utama pangelola buku perencanaan kehutanan ngawengku ngumpulkeun jeung ngapdet data, nyusun rencana pangelolaan, ngalaksanakeun monitoring jeung evaluasi, ogé nyaluyukeun jeung régulasi panganyarna.

Kalayan ngalibetkeun rupa-rupa pihak, buku perencanaan kehutanan dipiharep jadi instrumen anu éféktif dina ngawujudkeun pangelolaan leuweung anu lestari jeung berkelanjutan. Sinergi ieu jadi konci sangkan leuweung tetep kajaga sarta méré mangpaat ékonomi jeung sosial keur masarakat ayeuna jeung nu bakal datang.

Samentara éta, Ketua PWI Purwakarta, Adi Kurniawan Tarigan, negeskeun komitménna pikeun ngawal isu-isu lingkungan ngaliwatan pemberitaan anu saimbang jeung edukatif.

“Kolaborasi ieu dipiharep bisa ningkatkeun kasadaran publik sarta ngadorong partisipasi masarakat dina ngajaga kawasan leuweung,” pokna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KPH Purwakarta Gandeng PWI Sinergitas Ngabahas Ngamumule Leuweung Produksi"

Posting Komentar