WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Carita Godi Suwarna ka 1 - Was-was di Puskesmas : DUH, INDUNG ANU NGAKANDUNG


Was-was di Puskesmas

🌈 DUH, INDUNG ANU NGAKANDUNG 🌈

°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°°

Pun biang téh kaaraos lambung, sareng ténsina lungsur pisan. Mun wengi teu tiasa kulem. Sok cilingcingat baé ka jamban. Ku pun adi dicandak ka puskesmas nu aya di lembur, da kapungkur kantos dirawat ogé di dinya, bari saé pelayananana. Malah sanggem dahuan mah teu kawon ku rumahsakit di kota. 

Sim uing nembé tiasa jol ka lembur téh bada asar. "Nembé diparios tadi, énjing-énjing, A! Saribuk. Sigana mah padamelna aya nu ulang taun! Da tadi téh aya nu nyandak tumpeng teras nyaranyi di pengker. Aya ogé nu ngariringan maén bal Agustusan" sanggem pun adi nu bungsu, bari manyun.

Teu aya cai-cai acan. Tuang nembé dipasihan sarapan wungkul. Keun, éta mah tiasa ngagaleuh ieuh. Mung, ari nguping pasosonten karék diparios sakali, bari aya nu masihan obat ogé cukup tina lawang panto, sim uing janten melang kacida ka pun biang nu katingal ripuh pisan. Angot barang mireng patugas teu aya nu tiasa dihubungi mah, sim uing ujug-ujug hoyong nelegan korsi puskesmas. 

Sumpahna gé sing daék demi, Lur! Sim uingah tara ngagunakeun jalur konéksi sok sanaos seueur dulur, seueur réréncangan nu jareneng ogé. Mung, ari ningal pun biang ngalelémpréh bari nguping kitu sareng kieu ti pun adi mah nya kapaksa sim uing ngajapri pun adi misan, istrina Kepala Dinas Kaséhatan Ciamis. 

Heuleut sawatara lami, padamel puskesmas tinggurudug, sibuk ngaladénan pun biang. Aya nu marios. Aya nu manggul galon akua. Aya nu nanggeuy baki tuangeun. Tapi, aya ogé nu kukulutus, ngalepatkeun ka pun adi, pédah lapor ka gegedén. 

Kitu dongéngna téh, Lur! Omat, ulah ngalepatkeun para padamel Puskesmas, nyaaa? Hawatos! Bilih dipecatan! Wios wé, nuju haliburan karyawan. Neda pidu'ana baé : Mugia Pun Biang sing énggal damang.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carita Godi Suwarna ka 1 - Was-was di Puskesmas : DUH, INDUNG ANU NGAKANDUNG"

Posting Komentar