WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Loba nu Pahili Nuliskeun “e” jeung “eu” dina Kecap


Poto: spanduk Persib anu bener nulsikeun kecap basa Sundana.


Upama urang ngabandungan status médsos kayaning facebook, twitter, jeung instagram; beuki loba baé anu ngagunakeun basa Sunda téh. Alhamdulillah, nya. Ngan loba anu salah nuliskeunana, pahili lebah nuliskeun “e” jeung “eu”. Anu kuduna “e” dituliskeun “eu”, sabalikna deuih anu kuduna “eu” dituliskeun “e”. Urang bebenah, lalaunan wé bari dipraktékkeun.

Anu kuduna “e”, ulah dituliskeun “eu”, saperti:

anteng, ulah dituliskeun anteung
antep, ulah dituliskeun anteup
balem, ulah dituliskeun baleum
bandeng, ulah dituliskeun bandeung
bareng, ulah dituliskeun bareung
caket, ulah dituliskeun cakeut
dinten, ulah dituliskeun dinteun
gering, ulah dituliskeun geuring
kalem, ulah dituliskeun kaleum
kerep, ulah dituliskeun keureup
sareng, ulah dituliskeun sareung
senang, ulah dituliskeun seunang
sering, ulah dituliskeun seuring
sonten, ulah dituliskeun sonteun
terang, ulah dituliskeun teurang
wengi, ulah dituliskeun weungi
wilujeng, ulah dituliskeun wilujeung

Anu kuduna “eu” ulah dituliskeun “e”, contona:

beurang, ulah dituliskeun berang
beureum (warna), ulah dituliskeun berem
beurit, ulah dituliskeun berit
beusi, ulah dituliskeun besi
beuteung, ulah dituliskeun beteng
deukeut, ulah dituliskeun deket
geulis, ulah dituliskeun gelis
hareup, ulah dituliskeun harep
haseum, ulah dituliskeun hasem
hideung (warna), ulah dituliskeun hideng
peuting (malam), ulah dituliskeun peting.
seuri, ulah dituliskeun seri
sieun, ulah dituliskeun sien
sireum, ulah dituliskeun sirem
teuing, ulah dituliskeun teing

Salah nuliskeun kecap, bisa ngarobah harti atawa maksud kalimah. Upamana baé ngagunakeun kecap “hideung” anu maksudna warna, ditulis “hideng”.  Ari “hideung” jeung “hideng” dua kecap anu béda hartina. Kitu deui “beureum” jeung “berem”, “peuting” jeung “peting”, “seuri” jeung “seri”, “teuteup” jeung “tetep”, "peurih" jeung "perih", "hareup" jeung "harep", jsb.

(Budi RT)


Subscribe to receive free email updates: