WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

GEREGET KADISDIK KAB. PURWAKARTA


GEREGET KADISDIK KAB. PURWAKARTA
Salahsahiji ku gereget Kapala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta (H. Purwanto, M.Pd.) nyaéta nyalametkeun lingkungan tina runtah palastik. Konsep éta diterapkeun di unggal sakola-sakola ti mimiti jenjang tingkat TK, SD, jeung SMP. Samalah dikuatkeun ku diayakeunnana lomba sakola paling bersih, ogé lomba Filem Pendek nu durasi lima menit dina téma : "SALAMETKEUN LINGKUNGAN TINA RUNTAH PALASTIK".
Hal dimaksud di luhur éta téh dideudeul kasaluyuan para Kapala Sakola sa-Kabupatén Purwakarta. Tetela pangdeudeulna para kapala sakola nu kabuktiannana dina pelaksanaan PKKS SD (Penilaian Kinerja Kepala Sekolah) SD sa-Kabupatén Purwakarta, anu lumangsung sawatara waktu sasih katukang, dina Bulan September 2019 ieu, tiap SD geus ngabarogaan tempat runtah palastik. Saperti ieu potret di SDN3 CILINGGA Kecamatan Darangdan, Purwakarta.*** Cag.
AsSom Jumaah 27-09-2019

Subscribe to receive free email updates: