WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Live Report : Dua rumah di Kp. Cibodas

Live Report: Kondisi terkini Dua rumah di Kp. Cibodas Desa Panyindangan, Sukatani, Purwakarta jam 04.00 WIB jebol oleh tingginya...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. SAKANTET UCAP LEBARAN 1445 H / 2024 M Bagéan ka-1 "Ti langit nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam." Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI GARUT : Ngawanohkeun Sistem Pemilu di Sakola

Ngawanohkeun Sistem Pemilu
di Sakola

Ku : Hendi Ahmad Sarip

K
angaranan di sakola, teu kawengku ku pangajaran nu ditepikeun di jero kelas wungkul. Aya ogé atikan nu dilaksanakeun di luar kelas, nyaéta ékstra kurikulér anu diluluguan ku OSIS (Organisasi Siswa Intra Sekolah) jeung MPK (Majelis Permusyawaratan Kelas) salaku organisasi nu jadi wadah sakur kagiatan siswa.

Pamilihan Pupuhu OSIS (PPO) di SMP Islam Al-Khaériyyah Cibatu Kabupatén Garut geus matuh dilaksanakeun dina saban awal taun ajaran anu tujuanana; salian ti pikeun milih siswa pinunjul, ogé dina raraga méré pangaweruh ka barudak ngeunaan ‘politik praktis’ katut cara ngokolakeun pamilihan sakumaha ilaharna Pemilu di nagara.
Dina prak-prakanana, MPK salaku panata calagara PPO ngayakeun heula ‘seleksi’ ka sakum siswa nu boga niat hayang nyalonkeun. Ti mimiti ‘seleksi administrasi’, wawancara, tug ngumpulkeun tanda tangan babaturanana salaku wangun rojongan ka manéhna.
Tina opat welas siswa kasaring opat pasang calon pupuhu katut wakilna. Satutas dicindekkeun mah, pasangan calon téh digiringkeun sina kampanyeu; orasi katut napel-napelkeun ‘pamphlet’ sangkan meunang rojongan nu saloba-lobana. Salian ti ngaping calon, MPK ogé nataharkeun tempat katut saniskara pangabutuh séjénna pikeun lumangsungna pamilihan.
Dina émprona, poé Saptu tanggal 7 September 2019, kagiatan PPO digelar di aula sakola. Jam 08.00, satutas sakabéh panitia disumpah ku pupuhuna, ‘Rapat Pemungutan Suara’ dilaksanakeun.
Mimitina, ‘hak pilih’ nu geus daptar ka méja KPPS (Komisi Panitia Pemungutan Suara) 4 jeung 5 sina dariuk di ‘Ruang Tunggu’. Ti dinya, dicalukan ku KPPS 3 pikeun narima ‘Surat Suara’ ti KPPS 2 anu geus ditanda-tanganan ku pupuhu panitia, kalawan saterusna mah muru ka ‘Bilik Suara’ pikeun nyoblos gambar calon pilihanana.
‘Surat Suara’ nu geus dicoblos kudu ditilepan deui sakumaha asalna, laju diasupkeun kana ‘Kotak Suara’ anu ditungguan ku KPPS 6. Tutas kitu mah tinggal nganclomkeun salahsahiji ramona kana tinta nu geus disayagakeun ku KPPS 7.
Nalika PPO lumangsung, pikeun ngahibur calon jeung pamilon, kagiatan direuah-reuah ku sababaraha pintonan kaparigelan siswa nu midangkeun rupa-rupa kamonésan. Ti mimiti sajak, karokéan, akustikan katut tarian.
Panceg jam 11.00, ‘Rapat Pemungutan Suara’ dipungkas tur sakabéh panitia nataharkeun saniskara kabutuhan ‘Rapat Penghitungan Suara’ anu dilaksanakeun ti pukul 11.15 tepi ka réngséna.

Mudah-mudahan, naon anu diajarkeun masing gedé mangpaatna pikeun barudak nu boga kahayang, enggoning ngaronjatkeun pangaweruh katut pangalaman dina widang kaorganisasian.***

Subscribe to receive free email updates: