KANDAGA BUDAYA SUNDA : Seni Domyak Purwakarta Dina Ritual Ngamandian Ucing
Seni Domyak Purwakarta
Dina Ritual Ngamandian Ucing
DARANGDAN – Warta Sunda Onliné,
D
|
Seni Domyak asalna éta tina kecap
“ari dur ari rampayak”. Dur nyaéta tina sora bedug nu aya dina salahsahiji
waditra dina éta kasenian. Rampayak hartina ngibing. Jadi dina hal ieu mun aya
sora dur tina bedug para pamaén langsung ngibing. Kitu harti seni Domyak
nurutkeun Abah Jumanta suwargi, pupuhu Domyak di Pasirangin Kecamatan
Darangdan. Hal éta ditepikeun ku Yosi Agustiawan (40) salaku penggiat kana Seni
Domyak ka Warta Sunda Onliné nalika
ngawangkong di SMPN 4 Darangdan poé Senen (29/7).
Inyana ngemban tugas ti Pa Jumanta
sangkan Seni Domyak tong nepika tumpur, malah mah kudu diwanohkeun ka para
nonoman. “Nya, di SMPN 4 Darangdan minangka keur ngalalanyahan ngamumulé seni
domyak, keur mah sim kuring dines di éta sakola deui.” pokna Yosi.
Seni Domyak dipagelarkeun dina ritual
ménta hujan (Mapag banyu). Dina éta acara aya ritual ngamandian ucing minangka
bubu ka acara, saterusna arak-arakan ngurilingan kampung. Ucing diasupkeun kana
dongdang nu dipanggul ku dua urang. Arak-arakan dibarengan tatabeuhan saperti
angklung, dogdog, bedug, kendang, goong, jeung nu lianna. Arak-arakan Domyak
éta téh teras muru ka sirah cai bari ngalaksanakeun ritual ngamandian Ucing
téa.
Ritual dimimitian ku mupuhun, nu
dipingpin ku salah saurang pamingpin upacara adat nu disebutna pangasuh.
Mupuhun uluk salam, atawa dina paribahasa Sunda mipit kudu amit, ngala kudu ménta.
Éta téh cenah sangkan jadi berkah tur salamet.
Saterusna pangasuh nitah sinden
tetembangan kidung sababaraha bait. Bérés kidung, ucing nu aya dijéro dongdang
téh dimandian. Ngamandian ucing ieu téh ma’nana, yén ucing teu pernah mandi
jeung dina peupeujeuhna yén manusia mah kudu daék beberesih.
Acara diteruskeun kana pintonan ibing
penca nu disebut wawayangan jeung rinneka atraksi saperti bebelokan,
babagongan, séséroan, kukudaan, momonyétan, debus, sulap, jeung nu lianna.
Kahirupan seni Domyak kiwari lir
ibarat lukut tina batu. Hirup teu neut, paéh teu hos. Hal éta téh ku lantaran
masarakat nganggap yén seniman Domyak téh kurang payus. Di sisi séjén ogé
pamaréntah teu méré rokangan kana kahirupan seni Domyak.
“Seni Domyak téh hiji tina 37 seni
buhun nu kacatét di Jabar nu perlu dimumulé tur dipertahankeun. Dina taun 2012 ieu
seni kungsi di revitalisasi ku pihak Disparbud Jabar jeung Dinas Kebudayaan
Purwakarta. Seni domyak di jadikeun ekstrakulikuler di SMPN 4 Darangdan, dina
raraga upaya regenerasi seni domyak ka para nonoman,” ceuk Yosi nu
panganjrekanana di Désa Cibingbin Kecamatan Bojong Kabupatén Purwakarta.
Regenerasi seni Domyak kaitung
seuseut. Kiwari nu jadi pamaénna rata-rata nu geus kolot. Geus kitu jarang nu
nanggap. Nya kaharti saupama jarang nu katarik pikeun neuleuman seni Domyak
téh.
Lain deui ceuk salahsaurang seniman
nu wastana Wa Kana (52), inyanya ngabenerkeun nu dicaritakeun ku Yosi, yén tiap
latihan téh sok pindah-pindah. “Keur mah uwa mah geus kolot tanaga sesa, mun kudu
pindah-pindah tempat kanu jauh, geus teu mampu. Tapi mun tempatna netep mah, Insya
Alloh latihan.
Sedengkeun ceuk Devi Oktaviani (15)
siswa kelas VII SMPN 4 Darangdan, ngarasa reueus ngiring aub dina mintonkeun
seni buhun (Seni Domyak). Malahan miharep ka rekan sasamana hayu babarengan
pikeun ngamumule seni domyak.***


