WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kunjungan Murid MAN 1 Bekasi ka Taman Sribaduga Purwakarta Ngukuhkeun Literasi Ngaliwatan Writing Camp

Kunjungan Murid MAN 1 Bekasi ka Taman Sribaduga Purwakarta Ngukuhkeun Literasi Ngaliwatan Writing Camp Liputan: Anto Sukanto ( Warta Sunda ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Béja nu Ahéng: Toponimi Ngaran Pupuh Di Cibatu


Béja nu Ahéng:

Toponimi Ngaran Pupuh
Di Cibatu


Dumasar kana pangalaman tenaga teknis jeung SDM kana widang seni. Di Kacamatan Cibatu, kungsi janten kapinunjulan dina widang seni. Dina hal ieu mah, Unit Pelayanan Teknis Dinas (UPTD) Pembinaan TK/SD & PLS Kacamatan Cibatu, sawatara waktu katukang meunang mangpirang-pirang préstasi seni. Malah mandar basa jenatna Abah Godeg, nu sakitu gedé ajénna kana widang seni nepika Cibatu nyongcolang jeung ngajomantara sa-tatar Jawa Barat mah.
Kukituna, pihak Kasubag TU UPTD Pembinaan TK/SD & PLS Kacamatan Cibatu nu mati suri hirup deui téh, basa niténan dina Warta Sunda Online, Édisi 70 Januari 2014/Taun ka-6, Kaca 02 dina rubrik : Béja nu Ahéng di Sukasari nu judul : Toponimi Dina Ngaran Lauk. Inyana kataji ku warta éta téh. Kulantaran di Sukasari mah, sim kuring kungsi ngalalakon ti mimiiti janten guru nepika Kepala Sekolah. Keur mah kaayaan di peuntaseun Waduk Ir. H. Juanda, mah loba lauk. Payus pisan mun kantor UPTD Pembinaan TK/SD & PLS Kacamatan Sukasari tiap rohangan diaranan ngaran-ngaran lauk.
Kalih ti éta, di Kecamatan Cibatu ogé Sim kuring saparakanca mibanda ngaran-ngaran rohangan dina Pupuh.
Nami rohangan pagawéan UPTD Cibatu mun urang resep kana hiji barang pasti reueus kana éta barang anu dipiboga. Kantor UPTD Pembinaan TK/SD & PLS Kecamatan Cibatu reueus kana seni Sunda saperti Pupuh.
Dumasar kana hal éta, nami-nami rohangan pagawé ogé numutkeun nami Pupuh Sunda. Saperti diantarana :
Rohangan Kepala UPTD Pembinaan TK/SD & PLS Kecamatan Cibatu : nami rohanganana Rohang KINANTI (Kepala Instansi dan Teknis)
R. Kasubag : Rohang Pangkur (Panglima Kepala Urusan).
R. Bendaharawan jadi R. Pucung (Pelaksana Untuk Cibatu Urusan Negosiasi dan gaji)
R. Stap : Rohang Sinom (Stap Instansi Organisasi Manajemen)
R. Rapat : Rohang Maskumambang (Musyawarah Komunikasi Bidang)
R. PGRI : Rohang Lambang (Lembaga Bantuan Negosiasi Guru)
R. Pengawas : Rohang Balakbak (Bidang Lapangan Kurikulum Birokrasi & Angka Kridit)
R. Musola : Rohang Mijil (Melaksanakan Ibadah Jujur Iklas Lilahita’ala).***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Béja nu Ahéng: Toponimi Ngaran Pupuh Di Cibatu"

Posting Komentar