Galura, Édisi I Pebruari 2019 - Anu Anyar di SMAN 1 Tegalwaru
Galura,
Édisi I Pebruari 2019
Anu Anyar
di SMAN 1 Tegalwaru
T
|
AUN 2019, Sekolah Menengah Atas Negeri (SMAN) 1 Tegalwaru nu jumlah siswana
750 urang, sarta digéroh ku 53 urang guru mibanda pajabat anyar. Wakil kepala
sekolah (wakasek) nu ngawengku Wakasek Kurikulum, Wakasek Kesiswaan, Wakasek
Sarana Prasarana jeung Wakasek Humas diganti keur régenerasi.
Kepala SMAN 1 Tegalwaru, Kusnawijaya, S.Pd, M.Pd netelakeun ka Galura di sakolana (8/1), mutasi bieu
téh pikeun leuwih ngaronjatkeun kinerja, disiplin siswa jeung keur ngantebkeun Kegiatan
Belajar Mengajar (KBM). “Mutasi atanapi rooling jabatan téh kasapukan di
internal sakola kanggo langkung ngaronjatkeun préstasi sakola,” pokna.
Ti mimiti taun ayeuna Wakasek Kurikulum: Ané Rostikasari, S.Pd; Wakasek
Kesiswaan: Budhi Firman Gustiana, S.Pd; Wakasek Sarana dan Prasarana: Adé
Sukiman, SE, M.IL; jeung Wakasek Hubungan Masyarakat (Humas): Agus Sunarya, S.Pd,
M.Pd. “Saé pisan ku ayana rooling téh,” ceuk Ketua OSIS SMAN 1 Tegalwaru,
Saéful Azhari (siswa kelas II-IPA-3).
Wakasek Agus Sunarya, S.Pd, M.Pd, nyebutkeun rotasi wakasek dibagéakeun
pisan ku sakumna guru jeung siswa. “Tiap wakasek nu dipercanten nu ditugaskeun ku
Bapa Kepala Sekolah tinantos tiasa ngemban amanah kanggo ngokolakeun sakola,
tangtos mibanda sumanget kanggo langkung ngaronjatkeun atikan sareng préstasi
siswa,” pokna.*** Anto Sukanto.


0 Response to "Galura, Édisi I Pebruari 2019 - Anu Anyar di SMAN 1 Tegalwaru"
Posting Komentar