WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Cabor Bulu Tangkis jeung Oltrad “Hadang” - Ditargetkeun ku SDN 2 Malangnengah katut SDN Sukamaju Sukatani


Cabor Bulu Tangkis jeung Oltrad “Hadang”
Ditargetkeun ku SDN 2 Malangnengah katut SDN Sukamaju Sukatani

Kepala SDN 2 Malangnengah poto bareng Neng Annggita Cahaya Laluna

SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
S
ATAUN deui keur SDN 2 Malangnengah dina nargetkeun Cabang Olahraga Bulu Tangkis Tingkat Kabupatén Purwakarta jeung Tingat Provinsi Jawa Barat. Nilik tina siswana Néng Anggita Cahaya Laluna siswa kelas V. Taun payunna mah geus kawates ku umur dina lomba Olimpiade Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN). Pon kitu deui keur SDN Sukamaju mah nargetkeun Olahraga Tradisional (Oltrad) Hadang, lantaran geus biasa jadi jawara di Tingkat Kabupatén Purwakarta jeung Tingat Provinsi Jawa Barat. Sok sanajan di Provinsi mah kamari 2018 urutan ka 10 widang Hadang.
Dua SD boga target téh, minangka geus ka uji dina mintonkeun widangna masing-masing, poma nepika jadi wawakil di tingkat kabupatén mapag lomba di tingkat provinsi. Kitu ceuk dua urang Kepala Sakola nalika ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné di sakolana sewang-dewangan (12/2).
Kepala SDN 2 Malangnengah Kecamatan Sukatani, Kosasih Soleh, S.Pd.I, Inyana saparakanca jeung guru nu lainna masihan suport ka Néng Anggita Cahaya Laluna, “Pédah, budak nu préstasi dina Bulu Tangkis ieu masih aya kénéh kasempetan keur tandang, taun payun mah geus ngalewatan umur,” pokna.

Kepala SDN Sukamaju Kecamatan Sukatani, Saéfulah, S.Pd.I, nargetkeun Hadang

Lain deui ceuk Kepala SDN Sukamaju Kecamatan Sukatani, Saéfulah, S.Pd.I, “Mudah-mudahan taun ayeuna mah asup 5 besar, malihan miharep nepika Juara I.”
“Meungpeung aya kénéh waktu, barudak na unggal poé beres sakola, lalatihan diburuan sakola, kituna gé dibingbing ku Imas Suwarsih, S.Pd dina latihan. Ngan tetep ngacu kana juklak-juknis taun kamari,” pokna Saéfulah nalika nirukeun omongan guruna ka Warta Sunda Onliné.*** Anto Sukanto.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Cabor Bulu Tangkis jeung Oltrad “Hadang” - Ditargetkeun ku SDN 2 Malangnengah katut SDN Sukamaju Sukatani"

Posting Komentar