Sésa Pangwangunan Dedi Mulyadi Patalimarga di Désa Sukamukti, Jadi Sorotan Agus Mahardika
Sésa Pangwangunan Dedi Mulyadi
Patalimarga di Désa Sukamukti,
Jadi Sorotan Agus Mahardika
Maniis - Warta Sunda Onliné,
D
|
ÉSA Sukamukti ngarupakun salahsahiji Désa di Kacamatan
Maniis nu jarakna 10 KM ti Kantor Kecamatan Maniis. Patalimarga keur ngadongdon
ka Désa Sukamukti ngaliwatan daérah perbukitan jeung pegunungan nu kayaan
patalimargana turun naék, ngan pikeun nu teu apal patalimarga di éta wewengkon
kuu rada ati-ati, kulantaran tikungan jeung pengkolan rada curam.
Kaayaan
infrastruktur patalimarga ti taun 2015 kamari geus alus jalanna téh, nalika pupuhu
pamaréntahna Dedi Mulyadi, SH, sok sanajan can bérés saratus persen, nilik ti
patalimarga nu ngahubungkeun ti Kampung Cibadak nepi ka Kampung Cihuni, Gunung
Manik – Kampung Gugur jeung Kampung Roké katut Kampung Pasir Gebang kaayaan
jalanna masih kénéh ruksak parna.
Dina
dongdonan, Agus Mahardika salahsaurang calon
nu rék makalangan di Gédong Putih Kabupatén Purwakarta nyaritakeun Via ponsel
WhatsApp ka Warta Sunda Onliné, yén
msarakat di éta wewengkon ngareluh kaayaan patalimargana. Kajaba kitu, ayeuna
usum hujan ieu téh. jalanna laleueur. Nya warga miharep ka sim kuring pikeun
nepikeun bangbaluh ngeunaan patlimarga di Désa Sukamukti ka pamaréntah daérah
pikeun diperhatikeun. Pon kitu deui, warga miharep ayana mobil ambulance jeung
ayana bidan désa nu domisilina di éta wewengkon keur kapentingan warga. Kajaba
mun aya warga nu teu damang éta mobil ambulance téh bisa nganteur ka puskoesmas
bohna ka RS. Bayu Asih.
Nitenan
harepan warga Désa Sukamukti, “inyana badé upaya pikeun nepikeun ka Ibu Bupati
Purwakarta, yén dina taun 2019 Pemkab Purwakarta bisa ngarelokasikeun anggaran
keur ngoméan patalimarga tur mobil ambulance jeung bidan désa di éta
wewengkon,” pokna Agus Mahardika ka para warga di Désa Sukamukti.***
0 Response to "Sésa Pangwangunan Dedi Mulyadi Patalimarga di Désa Sukamukti, Jadi Sorotan Agus Mahardika"
Posting Komentar