WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi

Milangkala Ka-84 SMPN 1 Purwakarta, Spensa Ngukir Lalampahan Panjang Atikan jeung Prestasi Purwakarta – Warta Sunda Online ,- Sakola Menenga...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Maleman Taun Baru, Imah Roni Rata jeung Taneuh


Maleman Taun Baru,
Imah Roni Rata jeung Taneuh

Maniis - Warta Sunda Onliné,
D
INA maleman taun anyar, imah Roni (42), warga Kampung Pasir Wétan Désa Sinargalih Kacamatan Maniis, Kabupatén Purwakarta, imahna ludes dilalab seuneu (1/1). Ngalantarankeun ayana konsletting listrik. Antukna wangunan imah Roni rata jeung taneuh tingal puing-puingna.
Dina hal ieu mah, yén imah Roni nu wewengkonna di sisi cai, angin nu sakitu gedé mangaruhan seuneu ngalentap kana sagala rupa, hususna imah mah kitu. Pon kitu deui barang nu aya saperti motor, kulkas, TV jeung artos. Alhamdulillah teu aya korban. Kitu ceuk  Agus Mahardina salahsaurang calon nu rék makalangan di Gédong Putih Kabupatén Purwakarta nyaritakeun Via ponsel WhatsApp ka Warta Sunda Onliné.
“Roni, nu pakasabanna kana tani disakuliaheun sisi cai, ogé mibanda jasa rakit pikeun nu marancing. Hayu urang du’akeun ka Pa. Roni, mudah-mudahan sing dipaparin kasabaran, sareng sing digampilkeun deui Rezeki na. Amin.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Maleman Taun Baru, Imah Roni Rata jeung Taneuh"

Posting Komentar