Indung Tunggul Rahayu, Bapa Tangkal Darajat

Duluuuur...
Nya Indung tunggul rahayu, nya Bapa tangkal darajat...
Éstu lain ukur babasaan.. kitu pisan sajatina..
Kapan Ridho-Na Gusti gumantung kana ridhona Indung jeung Bapa..
Pon kitu deui kamurkaan nu jadi Indung jeung Bapa jadi cukang lantaran kamurkaan MantenNa.. Na'udzubillahimindzalik..
Kadé urang lali ka temah wadi, lali ka purwadaksi, purwana ngadadi...
Sembah sujud Putra ka pangkonan Salira Mah..
Mugia Mamah salawasna aya dina Rohmat MantenNa..
Sehat lahir, sehat bathin, panjang yuswa oge salamina nyimbeuhan Simkuring sadudulur ku cahaya du'a kalih karidhoan galih Mamah..
آمِّيْنَ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ ..
We Love You Mom..!!
Wilujeng "Hari Ibu" Mah...

Komentar

Postingan Populer